Donasi jang Palestina Liwat BAZNAS Kabupaten Bandung Kakumpulkeun Leuwih ti Rp 500 Juta

- 20 Desember 2023, 19:37 WIB
Donasi jang ka Palestina nu dititipkeun di BAZNAS Kabupaten Bandung kana Rp 500 juta.
Donasi jang ka Palestina nu dititipkeun di BAZNAS Kabupaten Bandung kana Rp 500 juta. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tepi ka Salasa 19 Desember 2023 dana donasi jang Palestina nu dikumpulkeun di Badan Amil Zakat Nasional (BAZNAS) Kabupaten Bandung leuwih ti Rp 500 juta.

"Donasi ti i rupa-rupa kalangan masarakat, ti mimiti siswa SD/MI, SMP/Mts, SMA/SMK/MA, ti masjid jeung pesantren," ceuk Ketua BAZNAS Kabupaten Bandung, H. Yusuf Ali Tontowi di rohang gawèna, Rebo, 20 Desember 2023.

Ieu lulusan Universitas Al Azhar, Mesir, teh nambahkeun, donasi Palestina ogè datang ti kecamatan-kecamatan, malahan ibu-ibu
arisan.

Baca Juga: Kakanwil ATR BPN Jawa Barat: Taun 2025 Sagala Widang Tanah di Kabupaten Bandung Kadaftar

"Malihan Paguyuban Warga Ngapak di Soreang ogè ngiring masihan donasina. Simkuring nganuhunkeun ka warga masarakat ti sadaya lapisan nu tos ngadonasikeun ngalangkungan BAZNAS Kabupaten Bandung," ceuk Yusuf Ali.

Ceuk Yusuf Ali, rèkor donasi ti kecamatan pang badagna ti Kecamatan Arjasari kana Rp91 juta.

"Memang kantor kecamatan sasarengan KUA sareng masjid besar nu tos ngagalang donasi nèmbè Kecamatan Arjasari, Katapang, sareng Cileunyi. Emutkeun wè upami sadaya kecamatan ngalakukeun aksi donasi Palestina pasti target Rp 1 miliar gampil kacumponan," pokna.

Jajaran Kemenag kungsi aub ngagalang donasi Palestina nu informasina kakumpulkeun Rp 250 juta.

Baca Juga: Dibuka ku Bupati Kejuaraan Tarung Derajat Diiluan ku 30 Satlat Sakabupaten Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x