Kakanwil ATR BPN Jawa Barat: Taun 2025 Sagala Widang Tanah di Kabupaten Bandung Kadaftar

- 20 Desember 2023, 19:00 WIB
Kepala Kantor Wilayah Agraria Tata Ruang Badan Pertanahan Nasioan Jawa Barat, Rudi Rubijaya jeung Kakan ATR/ BPN Kabupaten Bandung, Rahmat.
Kepala Kantor Wilayah Agraria Tata Ruang Badan Pertanahan Nasioan Jawa Barat, Rudi Rubijaya jeung Kakan ATR/ BPN Kabupaten Bandung, Rahmat. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kepala Kantor ATR BPN Propinsi Jawa Barat, Rudi Rubijaya nyebutkeun taun 2023 target Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) di Jawa Barat nu lobana 800 rèbu kacumponan.

Rudi nyebutkeun di Kabupaten Bandung teu ukur PTSL. Pihakna nyurung ogè kana Tata Ruang. 

"Alhamduilillah Kabupaten Bandung ogè kacida responsif," ceuk Rudi nu dibarengan Kepala Kantor ATR BPN Kabupaten Bandung, Rahmat satutas ngahadiran acara Penyerahan Sertifikat Kegiatan Lintas Sektoral (Lintor) Aset Pemda, BMD dan BUMD tahun 2023 di rohang Rapat ATR/BPN Kabupaten Bandungp, Rebo 20 Desember 2023.

Baca Juga: Dibuka ku Bupati Kejuaraan Tarung Derajat Diiluan ku 30 Satlat Sakabupaten Bandung

Kabupaten Bandung, ceuk Rudi salasahiji kabupaten nu panggancangna nganggeuskeun tata ruang. Pikeun nganggeuskeun PTSL di Kabupaten Bandung ceuk Rudi geus kadaftar ti Kementerian targetna taun 2025.

"Alhamduillah ku dukungan ti Pak Bupati, kalebet Pa Kakan ATR Kabupaten Bandung, para camat sareng kepala desa insya Alloh taun 2025 sadaya bidang tanah di kabupaten Bandung kadaftar," pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x