FISIP Unpas jeung PWI Jawa Barat Méré Wawasan Jurnalistik ka Mahasiswa

- 20 Desember 2023, 10:09 WIB
Ti kenca: Dekan FISIP Unpas Dr. Kunkunrat, M.Si, Ketua Program Studi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas Dr. Rasman Sonjaya, M.Si, katut Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat, S.Sos., M.Si.*
Ti kenca: Dekan FISIP Unpas Dr. Kunkunrat, M.Si, Ketua Program Studi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas Dr. Rasman Sonjaya, M.Si, katut Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat, S.Sos., M.Si.* /Dok. PWI Jabar/Galura/

GALURA.CO.ID. - Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (FISIP) Universitas Pasundan (Unpas) rukun gawé jeung Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat ngayakeun “Workshop Wawasan Jurnalistik untuk Mahasiswa” di Aula Suradireja Kampus FISIP Unpas, Salasa, 19 Désémber 2023.

Dina éta Workshop Jurnalistik nu diayakeun pikeun kadua kalina téh, para mahasiswa dibéré palatihan ngeunaan Filosofi Kemerdekaan, Etika dan Hukum Pers, Teknik Menulis Berita dan Feature, Fotografi, Jurnalisme Digital (News dan Bisnis), jeung Praktik Media.

Ketua Program Studi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas, Dr. Rasman Sonjaya, M.Si nétélakeun yén “Workshop Wawasan Jurnalistik untuk Mahasiswa” téh mangrupa wujud rukun gawé FISIP Unpas jeung PWI Jawa Barat anu salila ieu geus dibina raket naker.

Nurutkeun Rasman, éta kagiatan téh mangrupa komitmen FISIP Unpas pikeun ngaronjatkeun kapasitas jeung kamampuh mahasiswa.

Baca Juga: Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn APE 2023 Kategori Madya

“Ieu téh komitmen FISIP kanggo ngajurung lulusan-lulusan anu piunggul tur mampuh ngaronjatkeun daya saing,” ceuk Rasman.

Sajeroning kitu, Dekan FISIP Unpas, Dr. Kunkunrat, M.Si ngajén kana diayakeunana kagiatan Workshop Wawasan Jurnalistik.

Numutkeun Kunkunrat, Workshop Wawasan Jurnalistik téh mangrupa nilai tambah pikeun mahasiswa FISIP Unpas mah, hususna Program Studi Ilmu Komunikasi. Ku kituna, Kunkunrat ngahaturkeun nuhun jeung ngucapkeun rasa sukur kana kolaborasi jeung rukun gawé PWI Jawa Barat.

"Kanggo para mahasiswa, wilujeng ngiring aub dina ieu kagiatan. Mudah-mudahan materi anu didugikeun ku para narasumber téh tiasa mangpaat," pokna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x