Sekda Kabupaten Bandung, Duta Pajak Kudu Paham Digitalisasi

- 9 Maret 2024, 05:30 WIB
Disaksian Kepala Bapenda Kabupaten Bamdung, Erwan Kusumah, Sekda Kabupaten Bamdung, Cakra Amiyana muka Garand Fimal Duta Pajak di Grand Sunshine Soreang, Jumaah, 8 Maret 2024.
Disaksian Kepala Bapenda Kabupaten Bamdung, Erwan Kusumah, Sekda Kabupaten Bamdung, Cakra Amiyana muka Garand Fimal Duta Pajak di Grand Sunshine Soreang, Jumaah, 8 Maret 2024. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - Sekretaris Daerah (Sekda) Kabupaten Bandung, Cakra Amiyana, ngamanatan, Pemilihan Duta Pajak nu digelar Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Bandung kudu neueulkeun aspek digitalisasi pajak dina raraga ngaronjatkeun pendapatan asli daerah (PAD).

Kituna ditepikeun Cakra Amiyana, ngawakilan Bupati Bandung, Dadang Supriatna, waktu muka Grand Final Pemilihan Duta Pajak Kabupaten Bandung, di Grand Sunshine Soreang, Juma'ah, 8 Maret 2024.

"Urang kedah ngaronjatkeun Percepatan dan Perluasan Digitalisasi Daerah (P2DD). Ka payun, mayar pajeg langkung digiatkeun digitalisasina. Upamina tiasa nganggo Quick Response Code Indonesian Standard (QRIS) atanapi aplikasi-aplikasi sanèsna nu basisna digital," ceuk Cakra Amiyana.

Baca Juga: Tilu Taun Noron Bupati Bandung Ngaluarkeun Insentif Pajeg

Kuduna, ceuk Amiyana, engkè nyair Duta Pajak  nu mibanda kriteria lain ukur tagogan fisik, tapi tepi ka mana pamahamanana kana aspek-aspek digitalisasi atawa luangna ngeunaan teknologi informasi perpajakan

Ceuk Amiyana, Duta Pajak teh penting dina tarèkah ngaronjatkeun kasadaran Masarakat kana kawajiban mayar pajak.

"Amanat ti Pak Bupati Bandung kanggo para Duta Pajak, kedah janten tuladaneun kanggo masarakat dina mayar pajak kalawan sadar sareng tanggung jawab. Mugia didugikeun amanat- amanat pentingna kasadaran mayar pajeg sareng mangpaatna kanggo pangwangunan, " ceuk Ami. 

Ngawakilan para OPD jeung rèngrèngan Pemkab Bandung, Sekda ngawilujengkeun ka Emma Dety Dadang Supriatna nu dijenengkeun Bunda Pajak Kabupaten Bandung.

Kepala Bapenda Kabupaten Bandung Erwan Kusumah nyebutkeun, nu jadi Duta Pajak aya 110 urang ti 31 kecamatan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x