Relaksasi Pajeg Samemeh Lumakuna Dihapusna Data Kendaraan Tina Database Alatan 2 Taun Teu Registrasi Ulang

- 9 Februari 2023, 14:19 WIB
Kepala Bapenda Jawa Barat Dedi Taufik minangka Ketua APPDI, waktu acara FGD sual kawijakan Pasal 74 Undang-Undang Nomer 22/2009 ngeunaan Lalu Lintas dan Angkutan Jalan/DOK. BAPENDA JABAR
Kepala Bapenda Jawa Barat Dedi Taufik minangka Ketua APPDI, waktu acara FGD sual kawijakan Pasal 74 Undang-Undang Nomer 22/2009 ngeunaan Lalu Lintas dan Angkutan Jalan/DOK. BAPENDA JABAR /

GALURA – Relaksasi pajeg samemeh lumakuna dihapusna data kendaraan salasahijina ku cara bebas bea pajeg balik nama.

Samemeh lumakuna aturan dihapusna data kendaraan, program relaksasi pajeg kendaraan tetep lumangsung.

Program relaksasi pajeg kendaraan teh minangka pangrojong kana samemeh lumakuna dihapusna data kendaraan nu teu registrasi ulang 2 taun.

Baca Juga: Cek Sergio van Dijk : Persib Ayeuna Mingkin Kondisif tur Reugreug Ngalengkah jeung Palatih Luis Milla

Data kendaraan bakal dihapus tina database Polri, mun 2 taun teu registrasi ulang diitung tina beakna waktu lumakuna STNK.

Najan kitu, samemeh aya kacindekan kitu-kieuna, program relaksasi pajeg kendaraan tetep dijalankeun.

Kitu ceuk Kepala Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Provinsi Jawa Barat, Dedi Taufik, waktu acara Focus Group Discussion (FGD) bareng jeung Tim Pembina Samsat Wilayah Jawa, di Kantor Jasa Raharja, Jalan Rasuna Said, Jakarta, anyar-anyar ieu.

Baca Juga: Desa Sirnajaya Rajadesa Ciamis, Mekarkeun Wisata Religi Samida, Tapi Musola wae Teu Dibangun

“Tina salasahiji rekomendasi FGD teh baris aya lajuning lakuna, nyaeta neuleuman sual prak-prakan kawijakan dihapusna data kendaraan katut rengkol ngaitna jeung relaksasi BBN II tur Pajak Progresif,” pokna.

Satuluyna Dedi Taufik ngeceskeun, neuleuman leuwih jero eta kawijakan teh kalintang pentingna geusan ngaronjatkeun kasadaran masarakat pikeun mayar pajeg.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x