Baso Raja ti Bapenda Majalengka: Bisa Meuli Beas Murah mun geus Mayar Pajeg

- 24 Oktober 2023, 13:30 WIB
Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Majalengka medalkeun inovasi keur ngaronjatkeun kasadaran bayar pajak: Beras Murah Sobat Sadar Pajak disingket Baso Raja.
Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Majalengka medalkeun inovasi keur ngaronjatkeun kasadaran bayar pajak: Beras Murah Sobat Sadar Pajak disingket Baso Raja. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Majalengka medalkeun inovasi keur ngaronjatkeun kasadaran bayar pajak. Program panganyarna: Beras Murah Sobat Sadar Pajak disingket Baso Raja. Baso Raja teu ngan saukur nawarkeun bantuan beas kalayan harga kahontal ku warga, tapi oge ngaedukasi pentingna kasadaran pajeg.

Kagiatan Baso Raja dilaksanakeun di pakarangan Islamic Center Majalengka kalayan diluuhan ku Bupati Majalengka, Sekda Majalengka, Senen (23/10/2023).

Kepala Bapenda Majalengka, Aeron Randi, AP, MP., netelakeun tujuan ti program Baso Raja, teh ngaronjatkeun kasadaran pajeg keur warga sakalian ngabantuan ngurangan bangbaluh beya hirup sapopoe.

Baca Juga: Menkop UKM Teten Masduki Ngujurung Evolusi UMKM Sangkan Mibanda Daya Saeng Global

“Program Baso Raja sanes saukur bantosan beas ka warga, oge kangge ngaedukasi perkawis pentingna kasadaran pajeg,” ceuk Aeron.

Dina tarekah pikeun ngahontal ieu tujuan, Bapenda Majalengka geus ngarancang pamarekan nu fokus kana pamahaman jeung partisipasi warga dina pangwangunan daerah ngaliwatan kapatuhan pajeg.

"Diantawisna aspek utama ti ieu program: nyayogikeun beas kalayan harga kahontal, nu disubsidi ku Bapenda Majalengka dihandapeun harga pasar rempug gawe sateng Bulog," pokna.

Aeron Randi ngajentrekeun pikeun warga nu geus mayar PBB sarta bisa nembongkeun bukti lunas, bisa meuli beas kemasan 5 kilogram kalayan hargana Rp 47 rebu. Warga umum, dijual Rp 52 rebu.

“Hargana normalna sakilo Rp 10.400. Warga nu tos mayar pajeg PBB-na bakal kenging subsidi Rp 5 rebu di unggal kemasan beas 5 kilogram,” ceuk Aeron.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x