Menkop UKM Teten Masduki Ngujurung Evolusi UMKM Sangkan Mibanda Daya Saeng Global

- 24 Oktober 2023, 11:27 WIB
Menkop UKM RI,  Teten Masduki (tengah) dibarengan  Bupati Bamdung, Dadang Supriatna (kèncai) jeung Pj Gubernur Jawa Barat, Bey Machamudin waktu  ngaresmikeun Gedung PLUT Kabupaten Bandung, Senèn (23/10/2023).
Menkop UKM RI, Teten Masduki (tengah) dibarengan Bupati Bamdung, Dadang Supriatna (kèncai) jeung Pj Gubernur Jawa Barat, Bey Machamudin waktu ngaresmikeun Gedung PLUT Kabupaten Bandung, Senèn (23/10/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Menteri Koperasi dan Usaha Kecil Menengah (Menkop UKM)RI, Teten Masduki nètèlakeun Gedung Pusat Layanan Usaha Terpadu (PLUT) Kabupaten Bandung, dibangun jang saniskara pangladèn, di antarana pelatihan jeung pangembangan kaparigelan.

Kituna tèh ditepikeun Teten Masduki waktu ngaresmikeun Gedung PLUT Kabupaten Bandung, Jalan Al-Fathu Soreang, Senèn (23/10/2023).

"Tujuan utamina tina PLUT kanggo ngaronjatkeun produktivitas sareng kualitas produksi UKM supados mibanda daya saeng global sareng ngaronjatkeun kapasitas supados usaha tèh teu mikro teras, tapi engkèna tiasa lebet kana level industri," ceuk Teten.

Baca Juga: FFWI XIII: 5 Film Laga Marebutkeun Piala Gunungan nu Munggaran

Teten nandeskeun, ayeuna pamarèntah keur nyiapkeun evolusi bisnis UKM jeung Koperasi. Ku pandampingan nu alus pamarèntah miharep UMKM atawa koperasi bisa mibanda saeng global.

Teten ngabayangkeun produk UKM Kabupaten Bandung jeung Jawa Barat bisa sajajar tur bisa mibanda daya saeng global jeung produk karajinan ti Firenze, Italia. Teten yakineun bisa ngawujud kahayangna asal UMKM daèk diaping.

Menkop UKM jeung Pj Gubernur Jabar Bey Machmudin ngapresiasi jeung muji Bupati Bandung Dadang Supriatna nu geus hasil ngoptimalkan fungsi Gedung PLUT Kabupaten Bandung. PLUT Kabupaten Bandung geus mampu ngagumelarkeun 13 widang usaha unggulan hasil inkubasi bisnis nu ketat.

Ceuk Bey Machmudin, ieu picontoeun pikeun daerah sèjèn ngadopsi konsep PLUT Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Bupati Bandung Nyayagikeun 5.000 Kuota keur Pelajar Nongton Piala dunia U 17 di Si Jalak HArupat

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah