Tilu Taun Noron Bupati Bandung Ngaluarkeun Insentif Pajeg

- 4 Desember 2023, 18:53 WIB
Kepala Badan Pendapatan Daerah  (Bapenda) Kabupaten Bandung, Erwan Kusuma Hermawan S,Sos. M.Si.
Kepala Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Bandung, Erwan Kusuma Hermawan S,Sos. M.Si. /Sopandi/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Kepala Badan Pendapatan Daerah  (Bapenda) Kabupaten Bandung, Erwan Kusuma Hermawan S,Sos. M.Si nu ditepikeun ku Kabid Pajak, Babam Nurjaman,SE nètèlakeun,  Bupati Bandung tilu taun noron ngaleungitkeun sanksi denda Pajak Bumi Bangunan (PBB).

"Tadina sanksi denda PBB diterapkeun 2 persen sasasihna sareng ditagihlkeun sakirang-kirangna 24 sasih atanapi 48 persen," ceuk Babam di rohang gawèna, Senèn 4 Desember 2023.

Dina taun 2023 ayeuna ceuk Babam, Bupati Bandung ngaluarkeun insentif deui nu katilu kalina. "Kawitna entragan  kahiji, insentif diterapkeun kaping 11 Mei dugi ka 13 September 2023," pokna.

Baca Juga: Ngadongdon Kalang Pamidangan Andes Cilame Kabupaten Bandung, Dede Yusuf Hayang di Gunung Loba Sarjana

Ngan ku lantaran pangbagèa warga dina mayar pajeg Bupati Bandung insentif pajeg tepi ka 24 Desember 2023. Ceuk Babam, tina target APBD taun 2023 sajumlah Rp 187 miliar, reaalisasi tepi ka 30 November 2023 sajumlah Rp 124.863. 000,- atawa 66,77 persen.

"Ieu kamungkinan baris nambihan, ku margi ngicalkeun sanksi denda PBB dugi ka kaping 24 Desember 2023. Aya objek pajak potensial nu memang danget ieu badè dilakukeun proses pembayaran tur dipiharep dibayarkeun ahir tahun ieu. Realisasi tiasa nambihan kana angka 80 persen atanapi langkung, " ceuk Babam.

Pikeun ngagampilkeun masarakat,  babayar pajeg,ceuk Babam bisa  di Bank BJB, di kantor pos, Sopie Mart, Gopay, jeung langsung patugas nu make mobil  mapay padèsaan.

Babam miharep ka masarakat wajib pajeg, sangkan tuhu mayar pajeg, sabab pajeg tèh nunjel pangwangunan dina segala widang.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x