Kapolresta Bandung, Kombespol Kusworo Wibowo Mastikeun Rekapitulasi Poè katilu Aman

- 3 Maret 2024, 14:36 WIB
Kapolresta Bandung, Kombes Pol Kusworo Wibowo.
Kapolresta Bandung, Kombes Pol Kusworo Wibowo. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Poè katilu Rekapitulasi Hasil Pemilu 2024 tingkat Kabupaten Bandung, Ahad, 3 Maret 2024, Kapolresta Bandung, Kombes Pol Kusworo Wibowo mastikeun kaayaan aman.

Kusworo menyebutkeun, jumlah personil pangamanan nu diturunkeun poè ieu sajumlah 147 peraonil, 137 ti Polri, jeung 10 ti TNI.

Tepi ka danget ayeuna, ceuk Kusworo jam 11.00 geus asup pangutungan 16 PPK. Nu 14 geus rèngsè. Ayeuna keur lumangsung PPK ka 15 jeung ka 16 di 2 panel.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Mingpin Apel Gelar Pasukan Operasi Keselamatan Lodaya-2024

"Urang kawal terus pangamanana, " pokna di Hiotel Sutan Raja Soreang.

Intina ceuk Kusworo, ulah tepikeun ka aya pihak-pihak nu deuk ngarobah atawa ngaruksak sora rakyat. 

"Naon nu janten pilihan rakyat urang kawal dugi ka rèngsè panghitungan di tingkat kabupaten, lajeng urang jurung ka provinsi kanggo panghutungan di tingkat propinsi, " tandes Kapolresta Bandung. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x