H Dédé Hermawan, S.IP Hirup Mangpaat, Kabupaten Bandung Barat geus Leungiteun Figur

- 31 Januari 2024, 12:00 WIB
H Dédé Hermawan, S.IP
H Dédé Hermawan, S.IP /PESONA/

 

GALURA.CO.ID -Halimun isuk-isuk, matak seunggah nu lumampah. Kahayangna mah ngaringkeb manéh di hareupeun hawu siduru isuk-isuk. Tapi, pikeun H. Dédé Hermawan, S.IP., lulusan Sekolah Tinggi Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (STISIP) Bekasi taun 2018, hawa tiris Désa Wangunharja téh geus dalit nyobat jeung dirina.

Pa Haji, kitu katelahna, remen ngalanglang pilemburan, nalingakeun patani nu indit ka kebon, nalingakeun nu ngaringu ingon-ingon. Haji Dédé, nu geus kapapancénan jadi Kepala Désa Wangunharja salila tilu periode, sadar pisan, aweuhan tina jadi pamingpin di désa téh lintang ti hirup wargana sugih mukti.

Udagan ieu téh, luyu jeung ngaran Désa Wangunharja nu ngadeg taun 1982, pamekaran ti Désa Cikidang. Wangunharja, wancahan tina kecap ‘ngawangun’ jeung ‘raharja’. “Ubyag pangwangunanana, hirup masarakatna raharja, kitu hartina,” ceuk Dédé, ngawangkong di panganjrekanna,  Minggu (14/01/2024) di Kampung Cikawari.

Baca Juga: Minggu ka-8 Tahapan Kampanye, Panwaslu Kecamatan Margaasih 21 Kali Cumeluk Ulah Ngarempak Aturan

Wangunharja, kaéréh Kacamatan Lémbang, Kabupatén Bandung Barat, hiji désa tapel wates jeung Désa Cupunagara, kaéréh Kacamatan Cisalak, Kabupatén Subang. Pangwangunan di Désa Wangunharja, beunang disebutkeun kaluli-luli, sarwa tinggaleun. Kasab masarakatna ukur jadi patani, beunang diitung nu jadi pagawé, da puguh pendidikanna paling copél lulusan SD atawa MI.

Dédé, nu 8 taun kapapancenan jadi Kadus Cikawari, taun 2005 kabiruyungan kapilih jadi Kadés Wangunharja pinilih. Eungeuh désana nu mencil loba tinggaleun téh,  Dédé ngabelesat ngajak para tokoh jeung wargana lumpat ngudag kamajuan.

Sawatara inovasi jeung jurus kréatif dina mingpin désa dilakukeun ku ieu anak Yaya Tarya suargi nu mangsa jumenengna kungsi jadi juru tulis (ayeuna mah Sekdes) Désa Cibodas. Kabeneran deuih, harita nu jadi Kadés Cibodas, Bapa Danu suargi, akina pituin. Jadi, dijungjung lungguh jadi Kadés Wangunharja, keur Dédé nu gumelar ping 12 Juni 1972 téh aya teureuh ti luluhurna.

Aya jalan komo meuntas, Dédé nu hirup ti bubudakna weureu seubeuh ku kapeurih téh, kréativitasna bisa campur gaul jeung urang Kuwait, nu antukna gugon tukon ngocorkeun sumbangan  dana pangwangunan ka Désa Wangunharja.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x