Caleg DPRD Kabupaten Bandung Hj. Aas Aisyah Ngaluuhan Rajaban di Lembur Babakan, pada Ngabageakeun

- 30 Januari 2024, 18:30 WIB
Caleg DPRD Kabupaten Bandung, Hj. Aas Aisyah (kalima ti kènca).
Caleg DPRD Kabupaten Bandung, Hj. Aas Aisyah (kalima ti kènca). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Calon anggota DPRD Kabupaten Bandung, Hj. Aas Aisyah ngaluuhan acara Rajaban nu digelar Majlis Taklim Masjid Uswatun Hasanah, Lembur Babakan RT 05 RW 18 Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, Salasa, 30 Januari 2024.

Tumorojogna ieu caleg ti Nasdem nomer urut 5  dibagèakeun ku puluhan jama'ah. Nani Suharyati, salasahiji jamaah ngaku ngarasa hungah ku datangna Hj. Aas Aisyah.

Inyana kacida ngarojong Hj. Aisyah, lantaran warga pituin Desa Mekarrahayu, dipiharep aya wawakil ti lembur nu jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Nasdem, PKB jeung PKS Optimistis AMIN Unggul dina Pilpres 2024

Hal nu sarua ditepikeun ku jamaah sèjènna, Tati Maryati jeung Tati Suharyati, ku ayana dewan ti lemburna, bangbaluh warga dipiharep bisa direngsekeun.

"Utamana dina pangladen kasehatan sareng atikan. Mugia wè tinekanan aya wakil ti lembur, bakal langkung ngartos kaayaan wargana, " ceuk Nani nu dienyakeun ku jamaah sejen.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah