Pemilu 2024 Meneran keur Meumeujeuhna Usum Hujan, Pemkab Bandung Gelar Apel Kesiapsiagaan Bencana

- 30 Januari 2024, 19:30 WIB
Nyanghareupan pemilu dina puncak usum hujan, Pemkab Bandung  ngagelar Apel Kesiapsiagaan Bencana.
Nyanghareupan pemilu dina puncak usum hujan, Pemkab Bandung ngagelar Apel Kesiapsiagaan Bencana. /Sopandi/galura.co.id

GALURA CO.ID -Lobana 330 urang ti 29 satuan aub kana 'Apel Kesiapsiagaan Bencana Hidrometeorologi dalam Menghadapi Pemilu Tahun  2024' di Dome Balerame, Soreang, Kabupaten Bandung, Salasa, 30 Januari 2024.

Apel Apel Kesiapsiagaan Bencana Hidrometeorologi digelar dina raraga kasiapan Pemkab Bandung ngabagèakeun Pemilu 2024 tanggal 14 Pebruari 2024.

Apel diluuhan ku unsur-unsur aya patalina. Bupati Bandung, Kapolresta Bandung, Dandim 0624/Kabupaten Bandung, Danlanud Sulaiman, Kepala Pelaksana BPBD Provinsi Jawa Barat, Kepala Kantor Basarnas, para kepala OPD, katut para camat.

Baca Juga: Panwaslu Kecamatan Cigugur, Ngutamakeun Koordinasi Dina Nalingakeun Logistik Pemilu

Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nètèlakeun, puncak usum hujan bulan Februari-Maret 2024. Ari Pemilu dilaksanakeun 24 Februari.

Ku lantaran Pemilu 2024 dina puncak usum hujan, pamarènatah Kabupaten Bandung ngalakukeun sajumlah kasiapan pikeun ngantisipasi bencana hidrometereologi nu mungkin tumiba salila mangsa pemilu.

Dadang Supriatna umajak ka sakum pihak pikeun babarengan ngamankeun lokasi, utamana nu potensi keuna balukar bencana.

Dadang ogè ngayakinkeun Pemkab Bandung teu welèh siap nyanghareupan sagala kamungkinan nu bisa tumiba.

"Urang sarerea miharep supados sagala rupina lumangsung lancar. Saha waè nu kapilih engkè, èta tèh nu pangsaèna pikeun bangsa sareng nagara urang,” ceuk Bupati Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah