Bupati jeung Wabup Ciamis Periode 2019-2024 Purnabakti 31 Desember 2023

- 6 Desember 2023, 09:00 WIB
B upati Ciamis, Herdiat Sunarya, ti 31 Desember 2023 purnabakti.
B upati Ciamis, Herdiat Sunarya, ti 31 Desember 2023 purnabakti. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya jeung Wakil Bupati Ciamis, Yana D. Putra, ti mimiti 31 Desember 20223, rengse mangsa tugasna. Kitu dibewarakeun ku Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kabupaten Ciamis, Salasa 5 Desember 2023.

DPRD Kabupaten Ciamis ngumumkeun hal eta dina sidang paripurna DPRD nu dipingpin Wakil Ketua DPRD Kabupaten Ciamis Dede Herli, S.Pt., M.M., dibarenggan ku Wakil Ketua II, Pipin Arip jeung Wakil Ketua III, Sopwan Ismail, S.P.

Dede Herli maren tugasna Herdiat Sunarya jeung Yana D. Putra, luyu jeung katangtuan pasal 79 ayat (1) Undang-Undang 23 Tahun 2014 ngeunaan Pemerintahan Daerah sarta diumumkeun ku pingpinan DPRD dina rapat paripurna.

Baca Juga: Dani Yusup Edi Putra, Dalang Cilik ti Desa Kaso, Sirung Pidalangeun Moyan ti Kabupaten Ciamis

Kabupaten Ciamis ti mimiti Januari 2024 dipingpin ku Penjabat (pj) Bupati ti kalangan birokrat. DPRD Kabupaten Ciamis ngusulkeun pj bupati ka gubernur Jawa Barat nu saterusna ku gubernur ditepikeun ka Kementerian Dalam Negeri (Kemendagri) di Jabar.

“Simkuring kalayan asma pribadi kuluwarga ngahaturkeun nuhun ka DPRD, babakuna ka sakumna masarakat di Kabupaten Ciamis nu tos ngarojong sareng ngadeudeul dina ngajalankeun pangwangunan,” ceuk Bupati Ciamis sarengsena rapat paripurna DPRD Kabupaten Ciamis.

Bupati Ciamis oge sundak-sanduk neda ditawakup ka sakumna masarakat Ciamis tina sagala kaluluputan salila ngajalankeun pancenna. “Simkuring sareng rengrengan tos satekah polah ngawujudkeun visi sareng misi Kabupaten Ciamis luyu nu digariskeun dina RPJMD,” pokna.

Ceuk Bupati Ciamis sakur nu digariskeun dina RPJMD (Rencana Pembangunan Jangka Menengan Daerah) 99 persen geus kacumponan. “Simkuring optimistis, insya Alloh, saha wae nu mimpin engka, Kabupaten Ciamis bakal leuwih hade jeung leuwih maju,” pokna.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x