Galura Cetak I Desember 2023, Ngaguar Situs Gunung Cariu di Sukadana, Can Ditolih ku Disbudpora Ciamis

- 29 November 2023, 09:51 WIB
Galura cetak I Desember 2023, medal Rebo, 29 November 2023 ngagaur ngeunaan Situs Gunung Cariu di Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.
Galura cetak I Desember 2023, medal Rebo, 29 November 2023 ngagaur ngeunaan Situs Gunung Cariu di Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Galura cetak I Desember 2023, medal Rebo, 29 November 2023. Artikel nu jadi kojona di kaca (halaman) dalapan, dina rubrik Nyukcruk Galur, ngagaur ngeunaan Situs Gunung Cariu di Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.

Rubrik Nyukcruk Galur di Galura cetak, saperti dina Galura cetak I Desember 2023, leuwih ngaguar sejarah-sejarah lokal nu tacan ditalungtik sacara arkeologis jeung tacan jadi cagar budaya, kawas Situs Gunung Cariu.

Dinas Kebudayaan Pemuda dan Olahraga (Disbudpora) Kabupaten Ciamis tepi ka ieu tulisan diapungkeun tacan nolih Situs Gunung Cariu. Padahal Disbudpora Ciamis geus ngusulkeun Hajat Bumi di Cariu dijadikeun Warisan Budaya tak Benda (WBtB) Jawa Barat.

Baca Juga: Galura Cetak III November 2023, Ngaguar Pentingna Ngungkab Bukanagara di Cisalak Kabupaten Subang

Jaman Megalitikum

Situs Gunung Cariu teh, teu beda jeung umumna situs-situs di Kabupaten Ciamis, titinggal jaman Megalitikum atawa jaman klasik, jaman sejarah jeung jaman mimiti Islam sumebar. Di ieu situs aya pundek berundak, lingga, batu pamujaan, titinggal jaman karajaan jeung makam Islam.

Situs Gunung Cariu teh salasahiji ti 81 situs sejarah nu aya di Kecamatan Sukadana. “Sadayana oge teu acan dijantenkeun cagar budaya. Anu taun ayeuna diusulkeun janten situs budaya teh Situs Gunung Cariu sareng Situs Ciluncat di Desa Parigi,” ceuk Iwang Rusniawan Aditya.

Iwang, urang Desa Sukadana, nu anrub dina neuleuman sejarah di Kecamatan Sukadana nyebutkeun pangna di Kecamatan Sukadana loba situs sejarah lantaran di sagigireun kaliwatan Ci Muntur, oge rea walungan laleutik. “Situs sejarah di Kecamatan Sukadana seuseueurna di sisi walungan,” pokna.

Carita lisan ngeunaan Gunung Cariua aya patalina jeung Prabu Sirnaraja, raja di Karajaan Rajadesa. Ceuk legenda di Rajadesa, anu ngadegkeun Rajadesa teh Guru Gantangan, seuweu Prabu Sri Baduga Maharaja. Sanggeus jadi raja, Guru Gantangan gelarna Prabu Sirnaraja.

Baca Juga: Galura Cetak II November 2023, Ngungkab Akar Budaya jeung Sejarah Bebegig Sukamanatri Kabupaten Ciamis

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah