Galura Cetak III November 2023, Ngaguar Pentingna Ngungkab Bukanagara di Cisalak Kabupaten Subang

- 15 November 2023, 14:17 WIB
Galura cetak III November 2023  ngaguar  Kampung Bukanagara, Kacamatan Cupunagara, Kabupaten Subang Jawa Barat.
Galura cetak III November 2023 ngaguar Kampung Bukanagara, Kacamatan Cupunagara, Kabupaten Subang Jawa Barat. /Nanang S/galura.co,id

GALURA.CO.ID –Unggal medal, unggal poe rebo, Galura cetak midangkeun tulisan-tulisan nu marunel bari make gaya bahasa nu ngaguluyur kawas karya satra. Kitu deui Galura cetak III November 2023 nu ngabahas ngeunaan Kampung Bukanagara, Kacamatan Cupunagara, Kabupaten Subang Jawa Barat.

Judul tulisanana: Bukanagara Rusiah Lawas nu Kudu Diungkab, ditulis ku Aan Merdeka Permana, wartawan jeung sastrawan senior. Dina Galura cetak III November 2023, disebutkeun Sri Baduga Maharaja Prabu, kungsi ngayakeun napak tilas ka ieu tempat anu kiwari jadi lembur anu katelahna Lembur Bukanagara.

Sri Baduga Maharaja anu mindeng disebut Prabu Siliwangi napak tilasna dibarengan ku geureuhana Nyi Subanglarang. Tug ka kiwari, loba jalma anu ngadeugdeug ieu lembur mencil. Naha aya naon? Singhoreng di Bukanagara aya karajaan nu diadegkeun ku Prabu Linggabuana, sarta raja pamungkasna Prabu Bunisora.

Baca Juga: Jaman Pajajaran, Angklung kungsi Dipake Musik Perang

Jaman baheula, hiji tempat nu dipake tempat ngadegkeun puseur karajaan teu asal wae, tapi meunang ngitung, meunang nimbang asak pisan, babakuna dina watek tempat jeung dumasar kana kosmologi Sunda nu ngabalitungkeun pangaruh alam smesta.

Tina kituna Galura cetak III Novembver 2023 mandang, penting pisan ngungkab Bukanagara, aya naon sabenerna di Bukanagara teh, boh ditilika tina jihak geologi, morfologi jeung tina kosmologi. Kawasna mimanda kaistimewaan, nu matak Prabu Linggabuana ngadegkeun karajaan di Buka Nagara.

Ditilik tina jihad geologi, Kawali, puseur dayeuh Karajaan Sunda Galuh, jaman Prabu Linggabuana, ka Bukanagara teh kawilang jauh, kaasup jaman ayeuna nu transfortasina geus maju, komo jaman baheula, nu transfortasina make kuda.

Tapi naha Prabu Linggabuana make ngadegkeun karajaan di Bukanagara? Naha itungan politis atawa naon? Kawasna mun geus kaungkab, gede kamungkinan Bukanagara, jaman ayeuna oge bakal dibandang penting, boh tina jihad sosial, pulitik, boh ekonomi.

Tulisan sejenna: Pariwisata di Pangandaran kiwari beuki maju, jalan butbat di sisi basisir, ti mimiti Pananjung tepi ka Batuhiu. Ayeuna mah ti Pananjung rek ka Batuhiu teu kudu kaluar ti basisir Pananjung, tapi bisa langsung make jalan nu mapay-mapay sisi Basisir.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x