Launching KBU PKBM, Bupati Ciamis: Lengkah Inovatif keur Ngawujudkeun Paekonomian nu Tanggoh

- 4 Desember 2023, 17:37 WIB
Bupati Ciamis, ngaresmikan Kelompok Belajar Usaha Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat (KBU PKBM) di Desa Pamalayan, Kecamatan Cijeungjing, Senen, 4 Desember 2023 (foto: Prokopim Ciamis).
Bupati Ciamis, ngaresmikan Kelompok Belajar Usaha Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat (KBU PKBM) di Desa Pamalayan, Kecamatan Cijeungjing, Senen, 4 Desember 2023 (foto: Prokopim Ciamis). /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, ngaresmikan Kelompok Belajar Usaha Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat (KBU PKBM) jeung launching Rumah Makan Bacakan Galuh di Rest Area Point Ciamis, Desa Pamalayan, Kecamatan Cijeungjing, Senen, 4 Desember 2023.

Dina pidato pangbageana Bupati Ciamis ngahaturkeun nuhun jeung ngaapresiasi ka PKBM nu ku inovasi jeung kolaborasina tepi ka launching bisa dilakasanakeun kalayan lumagsung lungsur-langsar.

"UMKM jadi modal penting nganiangkeun paekonomian masarakat. Rupa-rupa UMKM, ti mimiti kuliner, karajinan, tepi ka teknologi jaman kiwari, jadi torobosan anyar, babakuna sanggeus paekonomian di urang anjlok balukar Covid-19," ceuk Bupati Ciamis.

Baca Juga: Ciamis Teu Ngirimkeun Dalang ka Binojakrama Pedalangan di Kabupaten Bandung, Disbudpora Ciamis Ngabetem

Bupati Ciamis neueulkeun pentingna tarekah dina ngarojong visi misi Ciamis nu digarikeun dina RPJMD (Rencana Pembangunan Jangka Menengah Daerah), hususna dina ngaronjatkeun rata-rata lilana sakola di Kabupaten Ciamis.

"Alhamdulillah, rata-rata lilana sakola masarakat Ciamis ngaroonjat tina 6,2 taun jadi 8,09 taun. Ieu hasil karancagean sarta bisa dihontal ku tarekah babarengan," pokna.

Dipiharep lulusan ti PKBM lain ukur mibanda ijazah, tetapi oge mibanda kaparigelan husus. Bupati Ciamis miharep lulusan PKBM mibanda kontribusi positif di masarakat.

Ketua PKBM Galuh, Endang Haris Juanda, ngajentrekeun launching KBU PKBM mibanda kasang tukang nu bisa disebutkeun penting pisan. "PKBM lain ukur muka atikan kesetaraan, tapi oge ngalatih kaparigelan. Sanggeus lulus, siswa lain ukur mibanda pangaruh tapi oge kaparigelan sangkan mandiri,” pokna.

Endang miharep nu ancrub kana UMKM jeung wirausaha sarta tacan mibanda ijazah, atawa nu geus mibanda ijazah tapi tacan mibanda skill bisa ngamangpaatkeun KBU PKBM.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x