Jamasan Awak Sakujur Ngalokat Diri Guring Cai Kahirupan di Pasir Raksa Bumi Ciamis

- 29 September 2023, 10:00 WIB
Dawah Wayang, dalang Abah Muhammad Jajang, ti Jatinegara,, salasahiji acara di Pasir Raksa Bumi, Cikangkung, Desa Sindangsari, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis (27/09/2023).
Dawah Wayang, dalang Abah Muhammad Jajang, ti Jatinegara,, salasahiji acara di Pasir Raksa Bumi, Cikangkung, Desa Sindangsari, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis (27/09/2023). /Nanang /Galura.co.id

GALURA.CO.ID -Komunitas Panglawungan Galuh Kiwari Jumaah peuting (29/09/2023), malem Saptu,  ngagelar  ritual budaya: Jamasan Awak Sakujur Ngalokat Diri Guring Cai Kahirupan.

Acarana dimimitian jam 20:00 WIB. Tempatna di Pasir Raksa Bumi, Lembur Cikangkung, Desa Sindangsari, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.

Runtutan acarana:

  • Bubuka
  • Maoskeun kalam ilahi
  • Rajah + tawasulan + do'a
  • Ngaguar singkat silsilah Eyang Jagatnata/Eyang Raksa Bumi
  • Kidung pangruwatan
  • Jamasan pusaka
  • Ngabungbang

Wanci tengah peuting jam 00.00 acara sakral Ruat Jamasan Awak Sakujur Ngalokat Diri Guriang Cai Kahirupan.

Baca Juga: Seniman Ade Halimun Sakedet Netra Nganggit Rajah Gunung Sawal, Disbudpora Ciamis Tacan Katodel

Udagan ieu ritual keur miceun geuleuh keumeuh, cilaka, doraka, halangan harungan nu aya dina sakujur badan. Lian ti eta meresihan hate jeung kasakit hate.

Pupuhu Panglawungan Galuh Kiwari nyebutkeun anu diberesihan teh lain ukur banda budaya titinggal karuhun, tapi oge nu leuwih penting meresihan hate urang tina sagala rereged, kaasup panyakit hate.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x