Dena Muhammad Ramdhan Resmi Mupuhuan Kadin Majalengka, Gede Harepan Dunia Usaha di Majalengka mingkin Tumuwuh

- 28 September 2023, 06:40 WIB
Pangurus Kadin Majalengka 2023-2028 diistrenan (27/09/2023) dipiharep leuwih ngaronjatkeun tumuwuhma dunia usaha jeung paekonomiam Kabupaten Majalengka.
Pangurus Kadin Majalengka 2023-2028 diistrenan (27/09/2023) dipiharep leuwih ngaronjatkeun tumuwuhma dunia usaha jeung paekonomiam Kabupaten Majalengka. /Ayan R Sambara/Galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua Kamar Dagang dan Industri (KADIN ) Jawa Barat, Cucu Sutara, ngistrenan pangurus KADIN Majalengka entragan 2023 - 2028, tempatna di Hotel Fieris Kertajati Majalengka, Rebo (27/09/2023).

Anu ngaluuhanana di antarana: Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D. Mardiana, Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, sakumna kepala OPD dina auban pamarentah Kabupaten Majalengka katut ondangan lianna.

Ketua Panyalagra, Rd. Hendrian Natanagara dina laporana, nyebutkeun ngistrenan jeung ngukuhkeun pangurus KADIN Majalengka  ieu jejerna: "Membangun Ekonomi KADIN Majalengka nu Profesional, Kompeten, dan Berdaya Saing Tinggi".

Baca Juga: Ngungkulan Rawan Pangan, Kabupaten Bandung Meunang Bantuan Beas Sabulanna 2.140 Ton keur 214.070 KPM

Kadin Majalengka salila 2 taun kungsi kateug, kiwari Kadin Majalengka mibanda pupuhu anyar. Tanggal 31 Mei 2023 ka tukang, Dena Muhammad Ramdan kapilih sacara aklamasi dina musawarah Kadin Majalengka jadi Ketua Kadin Majalengka entragan 2023-2028.

"Pamarentah Daerah Kabupaten Majalengka mibanda tugas kangge ngalaksanakeun koordinasi sareng ngahuripkeun kamotekaran iklim usaha sareng industri. Hal eta saluyu sareng kaperyogian daerah dugi ka tingkat satuan pamarentah pangalitna," ceuk Hendrian.

Hendrian nyebutkeun ngaimplementasikan visi misi Kadin minangka mitra pamarentah kudu dilaksanakeun babarengan.

Ketua Kadin Majalengka, Dena Muhammad Ramdan, nyebutkeun kolaborasi antara pamarentah jeung Kadin kawilang penting jeung diperlukeun,  boh di tingkat puseur, tingkat provinsi, boh tingkat kota jeung kabupaten.

Baca Juga: Guru Non ASN di Kabupaten Majalengka Miluan BPJS Ketenagakerjaan, Leuwih Kajamin

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x