Pangurus KONI Kabupaten Majalengka Diistrenan, Kudu Mampu Leuwih Ngaronjatkeun Prestasi Atlit

- 18 September 2023, 12:25 WIB
Ketua Umum Komite Nasional Jawa Barat (KONI) Jawa Barat, Dr. Muhamad Buniana, S. Ip, M.Si ngukuhkeun jeung ngistrenan pangurus KONI  Kabupaten Majalengka masa bakti 2023-2027, Saptu (16/09/2023).
Ketua Umum Komite Nasional Jawa Barat (KONI) Jawa Barat, Dr. Muhamad Buniana, S. Ip, M.Si ngukuhkeun jeung ngistrenan pangurus KONI Kabupaten Majalengka masa bakti 2023-2027, Saptu (16/09/2023). /Ayank/galura.co.id


GALURA CO.ID -Tempatna di Gedong Yudha Karya Pemda Majalengka, Saptu (16/09/2023), Ketua Umum Komite Nasional Jawa Barat (KONI) Jawa Barat, Dr. Muhamad Buniana, S. Ip, M.Si ngukuhkeun jeung ngistrenan pangurus KONI Kabupaten Majalengka masa bakti 2023-2027.

Anu ngaluuhanana: Wakil Bupati Majalengka Tarsono D. Mardiana, Ketua KONI Jabar, Sekda Majalengka Drs. H. Eman Suherman, MM, Forkopimda, sakumna Kepala OPD, Camat, sakumna ketua KONI sa-Jabar, Pengcab katut ondangan lianna.

Ketua KONI Kabupaten Majalengka Bakti Anugrah ngahatur nuhunkeun ka pangurus heubeul, jeung ka sakumna ketua Pengcab. Ngahatur nuhunkeun kana gawebarengna nu utama suport ti Pemkab Majalengka, dina hal ieu Dinas Pemuda dan Olahraga.

Baca Juga: Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka, Kamtibmas Tetep Kajaga

"Tugas di periode kadua: ngevaluasi cabor di Kabupaten Majalengka, ngevaluasi atlet nu potensi sarta atlet nu mibanda prestasi tur kedah tiasa ngamajengkeun rangking, sareng tatan-tatan nyanghareupan Porprov 2026," ceuk Bakti Anugrah.

Bakti oge ngahaturnuhunkeun ka Bupati Majalengka nu geus ngarojong bantuan keur KONI. Salian eta Kabupaten Majalengka meunang CSR ti PT Pertamina pikeun ngabangun stadium GGM sarta mudah-mudahan kahareupna bisa dimanpaatkeun.

"Sakumna pengurus KONI siap ngadarmabaktikeun kangge kamajengan olahraga di Kabupaten Majalengka, tur siap janten tuan rumah Porprov taun 2030," ceuk Bakti Anugrah.

Ketua Umum KONI Jawa Barat Muhammad Budiana, nyebutkeun dina kepengurusan nu anyar KONI Kabupaten Majalengka, prestasi olahraga kudu leuwih dironjatkeun deui ti samemehna.

Baca Juga: Lalakon Lungse

"Pangurus nu enggal kedah langsung prak ngalakanakeun pancenna supados prestasi olahraga di Majalengka teras dimotekarkeun. Simkuring percanten KONI Majalengka bakal nyangking prestasi. Simkuring ngawilujengkeun mancen tugas ngawangun prestasi olahraga," ceuk Muhammad Budiana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah