Nyinglar Pacèngkadan Sakumna Calkades di Kabuaten Bandung Ngajomantarakeun Deklarasi Damai

- 28 September 2023, 13:30 WIB
Paracalkades nu bakal tarung Dina Pilkades serentak di Kabupaten Bandung Ngajomantarakeun deklarasi damai.
Paracalkades nu bakal tarung Dina Pilkades serentak di Kabupaten Bandung Ngajomantarakeun deklarasi damai. /Sopandi/Galura.co.id

GALUR.CO.ID- Calon kepala desa (Calkades), 85 urang,  ti 22 desa di 17 kecamatan sa Kabupaten Bandung di Gedung Moch Toha Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Rebo (27/9/2023) babarengan ngajomantarakeun deklarasi damai pemilihan kepala desa (Pilkades) serentak taun 2023.

Ceuk Bupati Bandung Dadang Supriatna, deklarasi damai  digelar minangka tarèkah nyinglar pacèngkadan tur perkara séjénna nu teu dipijarep.

"Simkuring miharep saha waè nu kapilih dina 11 Oktober 2023 engkè nu pangsaèna kanggo kamajengan dèsa sèwang-sewangan," ceuk Dadang Supriatna satutas deklarasi.

Baca Juga: Ngungkulan Rawan Pangan, Kabupaten Bandung Meunang Bantuan Beas Sabulanna 2.140 Ton keur 214.070 KPM

Dadang Supriatna meupeujeuhan ka para Calkades teu ngutamakeun ègo, tapi ngasongkeun visi misi atawa gagasan keur kamajuan desa sarta keur karaharjaan masarakat 

Dadang Supriatna miharep Pilkades Serentak teu nepi ka leuwih ti tanggal 1 Nopember 2023, sabab dina Pebruari 2024 digelar Pileg. "Tilu sasih sateuacan Pileg 2024 kudu tos rèngsè," pokna..

Ceuk Dadang Supriatna, kades nu kapilih bakal gancang diistrenan lantaran aya sababaraha desa nu kudu sagancangna nyairkeun anggaran.

"Pangwangunan ukur gaduh waktos 2,5 sasih. Simkuring nitip ulah dugi ka anggaran pusat teu dipake kumargi pasualan teknis," ceuk Dadang Supriatna.

Baca Juga: Bubulusukan,Cara Caleg DPRD Kabupaten Bandung Vanya Vibilla Andjani Ngawanohkeun Dirina

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah