Caleg Siti Tuti Susilawati Masrahkeun Santunan ka Anak Yatim di Pesantren Hidayatul Hikmah Kabupaten Bandung

- 27 September 2023, 07:33 WIB
Calon anggota DPRRI Sania Siti Tuti Susilawati di satengahing anak yatim di Pondok Pesantren Hidayatil Hikmah, Desa Gajahmekar, Kecamaatn Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Salasa (26/9/2023) peuting.
Calon anggota DPRRI Sania Siti Tuti Susilawati di satengahing anak yatim di Pondok Pesantren Hidayatil Hikmah, Desa Gajahmekar, Kecamaatn Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Salasa (26/9/2023) peuting. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID -Calon anggota (caleg) DPR RI Siti Tuti Susilawati nu ngaran nenehna Sania, saban acara manaqib, pangajian maneuh bulanan, tanggal 11 bulan Hijriah di Pondok Pesantren Hidayatul Hikmah, Desa Gajahmekar, RT 04/11, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, teu welèh hadir.

Kitu deui peuting tadi, tanggal 11 Rabiul Awal (Mulud) 1445 H/ 26 September 2023, Sania katitèn aub jeung ratusan anak yatim katut jamaah sèjènna di pesantren pingpinan KH Asep Hadimi (Mang Abah) nu taya lian lanceuk pituinna.

Dina eta kasempetan Sania nu kadaftar calon anggota DPR RI ti Perindo, kalawan ngaran Siti Tuti Susilawati nomer urut 3 teh masrahkeun santunan ka 100 anak yatim.

Baca Juga: Tadina Kurang Kataji, Sania “Siti Tuti Susilawati”, Antukna Ancrub dina Politik

"Ieu kagiatan maneuh tiap sasih. Tapi sasih ieu kalintang istimewa, kumargi dina ngabagèakeun Maulid Nabi Muhammad SAW, " ceuk Sania dina lolongkrang acara.

Santunan ka anak yatim ogè ceuk Siti Susilawati hal nu biasa, dilakukeun ku dirina jeung para donatur lianna.

"Sakedahna urang tiasa babagi sareng papada manusa dina hal nu agung mangpaatna. Sasaè-saèna jalmi tèh nu aya mangpaatna, boh kanggo dirina nyalira boh kanggo nu sanès, utamina kanggo jalmi nu meryogikeun, " pokna.

Pupuhu Pondok Pasantren Hidayatul Hikmah KH. Asep Hadimi (Mang Abah) jeung Sania Siti Tuti Susilawati.
Pupuhu Pondok Pasantren Hidayatul Hikmah KH. Asep Hadimi (Mang Abah) jeung Sania Siti Tuti Susilawati.

Pupuhu Pondok Pesantren Hidayatul Hikmah KH. Asep Hadimi (Mang Abah) nètèlakeun, saha waè nu datang ka majlisna rèk babarèngan ngadoa,  dihiap pisan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x