Bubulusukan,Cara Caleg DPRD Kabupaten Bandung Vanya Vibilla Andjani Ngawanohkeun Dirina

- 27 September 2023, 14:05 WIB
Calon legislatif DPRD Kabupaten Bandung Vanya Vibilla Anjdani, S. I. Pol.
Calon legislatif DPRD Kabupaten Bandung Vanya Vibilla Anjdani, S. I. Pol. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID- Calon anggota legislatif (Caleg) DPRD Kabupaten Bandung Vanya Vibilla Andjani, S.I.Pol, balaka, minangka caleg ti entragan ngora, dina nyosialisasikeun dirina bèda jeung calon-calon sèjèn.

"Simkuring teu fokus teuing masang spanduk ku margi simkuring turun langsung ka masarakat. Basa gaulna mah bubulusukan panginten. Simkuring fokus ka titik-titik nu teu acan kacagap ku calon sanèsna, " ceuk Vanya.

Baca Juga: Caleg Siti Tuti Susilawati Masrahkeun Santunan ka Anak Yatim di Pesantren Hidayatul Hikmah Kabupaten Bandung

Vanya  kalayan parteyna PDI P, tarung di  Dapil 1 teh nyarita kitu waktu ngaluuhan manaqip, pangajian rutin di Pondok Pesantren Hidayatul Hikmah, Desa Gajahmekar, RT 04/11, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Salasa (26/9/2023) peuting.

Vanya nyebutkeun bubulusukan  lain ukur nyosialisasikeun husus pencalonan dirina, tapi ngaedukasi ka masarakat politik danget  tong dianggap kotor.

"Masih aya calon-calon anyar nu kompetensina hade tur kredibel. Simkuring, entragan ngora hoyong ngicalkeun pola-pola pikir pulitik tèh kotor, pulitik tèh pragmatis, " pokna.

Ieu wanoja nu digumelarkeun di Bandung teh balaka  pihakna turun ngageuing masarakat ngeunaan pulitik henteu kotor.

Baca Juga: Ti Eryanti Glory Margahayu Motif Batik Kina Bandung Bedas

Ceuk Vanya, mun geus kacatet di Daftar Calon Tetap (DCT) inyana lain ukur bubulusukan  tapi masang baligo.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah