Seniman Ade Halimun Sakedet Netra Nganggit Rajah Gunung Sawal, Disbudpora Ciamis Tacan Katodel

- 29 September 2023, 09:07 WIB
Ade Halimun, seniman urang Lembur Sukalila, Desa Kepel, Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis, nganggit Rajah Gunung Sawal.
Ade Halimun, seniman urang Lembur Sukalila, Desa Kepel, Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis, nganggit Rajah Gunung Sawal. /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Kabupaten Ciamis mibanda Gunung Sawal nu ceuk para ahli kabatinan salasahiji gunung di Jawa Barat kasakralanana sabanding jeung Gunung Salak di Bogor. Alatan Gunung Sawal, Kabupaten Ciamis beunghar ku flora jeung fauna.

Najan kitu, Kabupaten Ciamis tacan mibanda rajah: rajah Gunung Sawal nu ngandung sejarahna, alam batinna, mangpatna, jeung ajakan sangkan miara, ngarumat jeung ngamumule Gunung Sawal.

Dinas Kebudayaan, Pemuda, dan Olahraga (Disbudpora) Kabupaten Ciamis kawasna tacan bogaeun niat ngajomatarakeun rajah Gunung Sawal, paling henteu lagu Gunung Sawal dina wangun kacapi suling.

Baca Juga: Pare Pandanwangi Kareueus Urang Cianjur Asalna ti Tasikmalaya

Ade Halimun, seniman Sunda urang Lembur Sukalila, Desa Kepel, Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis, di Pasir Raksabumi, Lembur Cikangkung, Desa Sindangsari, Kecamatan Kawali, Rebo peuting (27/09/2023) nyoba nganggit rumpaka rajah Gunung Sawal bari langsung ngahaleuangkeunana.

Sabada nembang lagu kacapi suling Raksabumi jeung Wangsit Siliwangi, Ade Halimun ku Ki Suba, kuncen Raksabumi, “ditodong” nitah nganggit jeung nembangkeun lagu Rajah Gunung Sawal.

Ade Halimun seniman nu aub dina kagiatan-kagiatan kasundaan tunyu-tanya heula ngeunaan Gunung Sawal. Ti dinya ngaharewos ka nonoman nu nganjentreng ngacapi marengan Ade Halimun.

Rajah Gunung Sawal nu diciptakeun harita keneh sarta langsung ditembangkeun dipirig ku kacapi teu wudu matak ngajemplingkeun kaayaan Pasir Raksabumi. Nu aya di Raksabumi anteng ngabandungan.

Rumpaka Rajah Gunung Sawal

Geus sumirat bulan purnama
Ngadegna tempat sawala
Penenjoan Galuh Pakuan
Atra tembong ka mana-mana
Kawentar gunung anu pangluhurna
Keur saacan keuna ku mangsa
Gunung Sawal katelahna
Gunung Sawal diwengku ku lembur-lembur
Anu kalintang lobana
Ti kaler paratag ku gunung
Ti kulon ngempat ka wetan
Cirina walungan nu ngembat panjang
Caina teu saat teras mayeng
Tepung taun taun jajap mulang
Kawentar Walungan Cibulan pisan
Teu kakantun anu satuhu marengan
Nu katelah pangjarohan karantenan
Ti hiji dugi ka tilu
Ciri bukti Gunung Sawal anu nyata
Puncakna katingal ti mana-mana
Kitu oge mangsa harita
Gunung Sawal henteu loba anu apal
Ukur tepa beja ka beja
Yu, Mupusti hayu urang piara
Sangkan tetep aya mangpaatna
Mupusti urang piara
Yu, Sangkan lana ulah robah ku mangsa

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah