Peresmian Puncak Acara Miéling Haornas 2023, Prabowo Subianto: Olahraga Raket Patalina jeung Pertahanan

- 10 September 2023, 15:02 WIB
Menpora Dito Ariotedjo jeung Menhan Prabowo Subianto ngaresmikan puncak acara miéling Hari Olahraga Nasional (Haornas) 2023. Peresmianana ku cara duanana nepak bal voli, cirining resmi dibukana kagiatan.*
Menpora Dito Ariotedjo jeung Menhan Prabowo Subianto ngaresmikan puncak acara miéling Hari Olahraga Nasional (Haornas) 2023. Peresmianana ku cara duanana nepak bal voli, cirining resmi dibukana kagiatan.* /Humas Kemenpora RI/

GALURA.CO.ID. - Menteri Pemuda dan Olahraga Republik Indonesia (Menpora RI) Dito Ariotedjo jeung Menteri Pertahanan Republik Indonesia (Menhan RI) Prabowo Subianto ngaresmikan puncak acara miéling Hari Olahraga Nasional (Haornas) 2023. Peresmianana ku cara duanana nepak bal voli, cirining resmi dibukana kagiatan.  

Puncak acara miéling Haornas 2023 téh lumangsung di Jakarta International Velodrome, Jakarta, Saptu. 9 September 2023. Menhan Prabowo harita ngawakilan Presiden Joko Widodo anu teu iasa hadir alatan aya pancén kanagaraan.

Dina pangbagéana, Prabowo nyebutkeun yén olahraga téh raket pisan patalina jeung pertahanan. Numutkeun Prabowo, dina awak nu séhat aya jiwa anu séhat ogé. Kitu deui sabalikna, cenah.

Baca Juga: Caleg DPR RI ti NasDem, H. Deden Mulyana: Kukuhkeun Perjoangan sangkan Anies Baswedan Unggul di Pilpres 2024

“Lamun pamuda hiji bangsa kuat fisik katut jiwana, mangka éta bangsa gaduh sumanget pikeun jadi pemenang tur raharja (makmur). Teu aya bangsa anu berhasil tanpa bangsa anu tanggoh. Ku kituna, sadaya stakeholder gaduh peran anu kalintang penting. Pertahanan hiji nagara katingal tina prestasi pamudana,” ceuk Prabowo.

Ieu menhan anu ogé Ketua Umum Pengurus Besar Ikatan Pencak Silat Seluruh Indonesia (PB IPSI) téh miharep, miéling Haornas taun ieu jadi momentum pikeun terus ngaronjatkeun olahraga nasional. “Bangsa pemenang nyaéta bangsa anu henteu babari sumerah. Bangsa anu terus latihan pikeun nyangking atawa ngahontal keberhasilan,” pokna.

 

Dina miéling Haornas 2023 di Jakarta International Velodrome, Jakarta, Saptu (9/9), Menpora Dito Ariotedjo ngadadarkeun opat aspek strategis ekosistem olahraga sangkan leuwih ngaronjat.*
Dina miéling Haornas 2023 di Jakarta International Velodrome, Jakarta, Saptu (9/9), Menpora Dito Ariotedjo ngadadarkeun opat aspek strategis ekosistem olahraga sangkan leuwih ngaronjat.*

Ekosistem olahraga

Sajeroning kitu, Menpora Dito nepikeun pangwanti ti Presiden Joko Widodo ngeunaaan ekosistem besar olahraga anu kudu dimekarkeun tur dikuatan. Numutkeun Menpora, Presiden maparin arahan sangkan sport science perlu dijieun di paguron luhur, utamana ku sawatara program studi kayaning manajemen olahraga, kesehatan olahraga, arsitektur fasilitas olahraga, industri kreatif olahraga, anu kudu dimekarkeun sagancangna.

“Ku kituna, ekosistem pendidikan tiasa kontribusi ka dunya olahraga pikeun ngahasilkeun atlet olahraga, wirausahawan olahraga, pakar olahraga, manajer klub olahraga, dugi ka para tanaga profesional sanésna,” ceuk Dito Ariotedjo.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x