TNI jeung Polri di Kuningan, Nyiptakeun Sikep Sabilulungan Ngaliwatan Olahraga Babarengan

- 10 Februari 2023, 18:30 WIB
Sajumlah anggota TNI Jeung Polri keur olahraga babarengan di pakarangan Mapolres Kuningan, Jumaah, (10/2/2023).*
Sajumlah anggota TNI Jeung Polri keur olahraga babarengan di pakarangan Mapolres Kuningan, Jumaah, (10/2/2023).* /DOK KODIM 0615 KUNINGAN/

GALURA-Ratusan anggota TNI Kodim 0615 Kuningan miluan olahraga reujeung anggota Polres Kuningan, di pakarangan Mapolres Kuningan, Jumaah (10/2/2023).

Teu semet anggota, da pucuk pimpinna oge sarua miluan olahraga. Kawas danramil, kapolsek, dandim, jeung kapolres.

Sajaba ti eta, para perwira staf jajaran polres. Samalah Ketua Persit Kartika Chandra Kirana Cabang XXVI Kodim 0615/Kuningan (Ny . Jija Bambang Kurniawan).

Baca Juga: Puluhan Anggota Polres Kuningan Dilatih Sual Etika Palayan Publik

Ketua Bhayangkari Cabang Kuningan Ny. Ellaine Dhany Aryanda, Wakil Ketua Bhayangkari Cabang Kuningan Ny. Nevi Syamsul.

Ceuk Kabag Ops Polres Kuningan, Kompol Endang Sunandar, olahraga olahraga babarengan teh dilakonan sabada Apel babarengan.

"Apel gabungan sareng olahraga sasarengan teh kanggo ngaronjatkeun sabilulungan jajaran polres sareng kodim" ceuk Endang.

Baca Juga: Milu Ngareuah-Reuah HPN, Istri Pulisi Diajar Nyieun Video Jurnalistik

Sikep sabilulungan di lingkungan aparatur kaamanan, pamarentahan, boh lingkungan masarakat penting Dilarapkeun, utamana ngait Kana sual ngajaga kaamanan.

Ku kituna, ceuk Endang, ngawangun rukun gawe, kudu salawasna kapiara sangkan nagara leuwih kuat.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah