Peresmian Puncak Acara Miéling Haornas 2023, Prabowo Subianto: Olahraga Raket Patalina jeung Pertahanan

- 10 September 2023, 15:02 WIB
Menpora Dito Ariotedjo jeung Menhan Prabowo Subianto ngaresmikan puncak acara miéling Hari Olahraga Nasional (Haornas) 2023. Peresmianana ku cara duanana nepak bal voli, cirining resmi dibukana kagiatan.*
Menpora Dito Ariotedjo jeung Menhan Prabowo Subianto ngaresmikan puncak acara miéling Hari Olahraga Nasional (Haornas) 2023. Peresmianana ku cara duanana nepak bal voli, cirining resmi dibukana kagiatan.* /Humas Kemenpora RI/

Dito oge méré hadiah ka nu bisa ngajawab kuis ngeunaan cabor unggulan Desain Besar Olahraga Nasional. Éta kuis hadiahna papan catur.

Baca Juga: Pengurus Kadin Kabupaten Ciamis Periode 2023-2028 Lolobana Entragan Ngora

Naha bet papan catur?

“Margi Presiden katut Kabinet Indonesia Maju tos tiasa ngaronjatkeun internasional trust bangsa urang dina peta percaturan dunya. Kadua, masarakat Indonesia téh ayeuna nincak dinamika percaturan politik nasional, sarta pupuncakna engké dina Hari Valentine. Ku kituna, sing janten pemilih anu pinuh cinta tur romantis,” ceuk Dito semu heureuy.

Katiluna, cenah, tibatan paséa jeung tatangga, kulawarga, dulur, atawa reujeung babaturan sakantor alatan pemilu, leuwih hadé maén catur.

“Sanaos gaduh pilihan anu bénten-bénten, sim kuring miharep dina 2024 engké teu aya riributan, ojo kesusu, tetep guyub sauyunan. Tibatan silicawad bari silibudalkeun kaambek, malah nambih polusi budaya, mending maén catur di pos ronda,” pokna deui.

Dina éta kasempetan gé, Menpora Dito masrahkeun penghargaan ka atlet nu boga prestasi, purna olahragawan, palatih/instruktur, wasit/juri, jeung penggerak olahraga (ti kalangan selebritis katut kepala daerah).***

Baca Juga: Putra Cirebon jadi Pj Gubernur Jawa Barat jeung Pj Gubernur Jawa Tengah

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah