Tb Hasanuddin Masrahkeun Bantuan keur Genderang Perjuangan di DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka

- 4 September 2023, 11:00 WIB
Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan di kagitan Pelatihan Saksi & Guraklah di DPC PDI P Kabupaten Majalengka.
Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan di kagitan Pelatihan Saksi & Guraklah di DPC PDI P Kabupaten Majalengka. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota DPR RI Mayjen TNI (p) Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan soundsystem pihargaeun Rp20 Juta ka DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka.

Soundsystem bantuan Tb Hasanuddin digunakeun pikeun kagiatan Genderang Perjuangan ku band-band lokal binaan DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka nu digelar unggal Saptu peuting.

"Simkuring ngaapresiasi Genderang Perjuangan nu difasilitasi DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, wadah generasi ngora nu nyalurkeun hobina di widang musik," ceuk Tb Hasanuddin di kagiatan pelatihan Saksi jeung Guraklih tingkat desa di Gedong Islamic Centre Majalengka, Saptu (2/9).

Baca Juga: Tempat Jaroh di Bulan Mulud nu Bisa Dijugjug Kareta Api Commuter Line Bandung Raya

Tb Hasanuddin nyebutkeun Genderang Perjuangan oge rojongan pikeun musisi lokal Majalengka nu mayoritas entragan ngora sangkan bisa nembongkeun karyana sarta ngalaksankeun aktivitas nu positip.

"Pamugi Genderang Perjuangan tiasa ngarojong majengna musik tur nyumangetan kangge generasi ngora supados tiasa teras nembongkeun karya," ceuk Tb Hasanuddin.

Ieu anggota Fraksi PDI Perjuangan oge masrahkeun bantuan 200 kaos senam katut 2 set speaker aktip nu pihargaeunana Rp20 juta pikeun
komunitas senam di Kecamatan Majalengka Kabupaten Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x