Head Line Galura Cetak II Juni 2023, Ngaguar Kabupaten Majalengka nu Dijulukan Kota Pensiunan jeung Kota Angin

- 6 Juni 2023, 13:07 WIB
Head line Galura cetak edisi minggu II Juni 2023, ngeunaan julukan Kota Pangsiunan jeung Kota Angin keur Kabupaten Majalengka.
Head line Galura cetak edisi minggu II Juni 2023, ngeunaan julukan Kota Pangsiunan jeung Kota Angin keur Kabupaten Majalengka. /Nanang /Galura

Carpon Galura cetak edisi II Juni 2023 yasana Aan Mereka Permana: Nu Nungguan Kamar Hotel. Bisa digolongkeun carita misteri lantaran anu nungguan kamar hotel nu aya di Kota Ciamis teh, arwah rumaja putri, urang Kuningan.

Eta rumaja putri basa rek ka Pangandaran kapeutingan jeung kahujanan di Ciamis. Ku kabogohna jeung ku batur kabogohna diajak reureuh di hotel di Ciamis. Basa keur reureuh di warung ku kabogona dibere nginum nu ngalantaran dirina lenglengan.

Di kamar hotel dina kaayaan teu sadar digadabah ku kabogohna jeung ku babaturan kabogohna. Basa isuk-isuk hudang, kabogoh jeung baturna indit ninggalkeun dirina. Inyana ahirna balik sorangan naek beus Ciamis-Cirebon.

Di Kuningan, dicarekan laklak dasar ku indungna. Rerencepan minggat sarta nubrukeun maneh kana beus nu keur mengpengan lumpat. Arwahna saterusna nungguan kamar hotel tempat kakadian dirina digadabah. Teu weleh ngelingan ka wanoja nu diajak nginep ku lalaki nu lain muhrim.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x