Head Line Galura Cetak II Juni 2023, Ngaguar Kabupaten Majalengka nu Dijulukan Kota Pensiunan jeung Kota Angin

- 6 Juni 2023, 13:07 WIB
Head line Galura cetak edisi minggu II Juni 2023, ngeunaan julukan Kota Pangsiunan jeung Kota Angin keur Kabupaten Majalengka.
Head line Galura cetak edisi minggu II Juni 2023, ngeunaan julukan Kota Pangsiunan jeung Kota Angin keur Kabupaten Majalengka. /Nanang /Galura

GALURA –Bahasan head line Galura cetak edisi minggu II Juni 2023, ngeunaan julukan Kota Pensiunan jeung Kota Angin keur Kabupaten Majalengka nu dina 7 Juni 2023 mieling milangkalana nu ka-533.

Didadarkeun dina head line Galura cetak II Juni 2023, Kabupaten Majalengka nu cenah ngadeg taun 1490, jaman Pajajaran, padahal jaman harita di Pulo Jawa tacan mikawanoh bentuk pamarentah kabupaten atawa kaadipatian meunang julukan Kota Pensiunan jeung Kota Angin teh luyu jeung kaayaan daerahna.

Ceuk head line Galura cetak II Juni 2023, taya catetan sejarah saha jeung iraha Kabupaten Majalengka dijulukan Kota Pensiunan jeung Kota Angin teh. Ngan cenah eta dua julukan lain meunang urang Majalengka, tapi ti urang luar nu ngaliwat jeung nganjan ka wewengkon Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (27): Nagri nu Pinuh ku Pepedut Getih

Disebut Kabupaten Majalengka Kota Pangsiunan pedah kaayanana tiiseun, ti wanci magrib oge geus rehe combrek. Ceuk nu lohong mah di tengah jalan oge bisa dipake keur gapleh.

Ari julukan Kota Angin pedah majalengka dina mangsa pancaroba, gantina usum hujan ka usum halodo jeung sabalikna anginna gegelebugan. Kitu teh lantaran Majalengka diapit ku Gunung Cerema jeung ku Gunung Cakrabuana nu mangaruhan kana iklim.

Tulisan sejenna dina rubrik Warna Warni: Kampung Seragam di Tasikmalaya. Disebut kampung seragam teh pedah wargana usaha kana nyieunan seragam sakola, SD tepi ka SMA. Unggal taun anyar merul nu pesen, babakuna keur jualeun deui. Kitu deui dina ganti smester.

Rubrik Nyukcruk Galur ngaguar ngeunaan Dalem Gordah nu makamna aya dua: di Ujungberung jeung di Garut. Keur nu ngulik sajarah mah teu aneh mun hijih tokoh makamna aya dua. Kituna teh lantaran makam teu salawasna kuburan.

Baca Juga: Jalan Santai jeung Khitanan Massal Ngagumebyarkeun Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x