Dina Pemilu 2024 Kuwu di Kabupaten Majalengka, Ngaleut jadi Bacaleg keur DPRD Kabupaten Majalengka

- 5 Juni 2023, 05:50 WIB
Karwan, Kuwu (Kepala Desa) Sidamukti, Kelurahan Munjul, Kabupaten Majalengka, bacaleg DPRD Kabupaten Majalengka dina Pemilu 2024.
Karwan, Kuwu (Kepala Desa) Sidamukti, Kelurahan Munjul, Kabupaten Majalengka, bacaleg DPRD Kabupaten Majalengka dina Pemilu 2024. /Ayank/Galura


GALURA- Kontestan bakal calon legislatif (bacaleg) di DPRD Kabupaten Majalengka, lain saukur diramekeun ku pamilon nu kungsi jadi anggota parlemen atawa nu geus lila ancrub di parpol wae. Kuwu atawa kepala desa oge dina Pemilu 2024 rea nu makalangan.

Dina Pemilu 2024 aya 30 kuwu di Kabupaten Majalengka nu daftar jadi bacaleg keur tingkat DPRD Kabupaten Majalengka. Kuwu Desa Sidamukti Karwan nyebutkeun, jadi bacaleg teh nuluykeun ancrub kana politik ka tingkat nu leuwih luhur.

“Anapon kitu nu janten bacaleg dina Pemilu 2924 kanggo DPRD Kabupaten Majalengka mung sababaraha ku nu masih aktip, di antawisna simkuring, sareng Ibu Kuwu di Jatiwangi, nu masih dina proses pengajuan,” ceuk Kepala Desa Sidamukti, Karwan nalika dietupangan ku GALURA sababarahavwaktu katukang.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Ceuk Karwan, kuwu atawa kepala desa kaasup dirina mibanda kahayang bajuang dina tataran nu leuwih lega ambahanana. "Bekelna pangalaman janten kuwu,” ceuk Karwan.

Karwan nyebutkeun teu kurang ti 30 kuwu nu jadi bacaleg keur DPRD Kabupaten Majalengka ti parpol nu beda. Pamugi tinekanan," pokna. *** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x