Kapolres Majalengka Masrahkeun Pangajen ka Anggota Polri nu Mibanda Prestas

- 2 Juni 2023, 05:28 WIB
Kapolres Majalengka masrahkeun pangajen ka anggota Polres Majalengka nu mibanda prestasi dina ngalaksanakeun tugas, Rebo (31/5/2023).
Kapolres Majalengka masrahkeun pangajen ka anggota Polres Majalengka nu mibanda prestasi dina ngalaksanakeun tugas, Rebo (31/5/2023). /Ayank/Galura

GALURA - Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K.,  masrahkeun pangajen ka anggota Polres Majalengka nu mibanda prestasi dina ngalaksanakeun tugas. Upacara masrahkeun pangajen dilaksanakeun di lapangan Mapolres Majalengka, Rebo (31/5/2023).

"Pangajen dipasrahkeun ka tilu anggota Polres Majalengka. Kahiji, Kasat Intelkam AKP H. Agus Romy, A.Md., S.H., M.H. Hatur nuhun kana kasuksesan dina nyiptakeun situasi nu kondusip dina palaksanaan pemilihan kepala desa serentak di kabupaten Majalengka,” ceuk Kapolres Majalengka.

Kadua, Kasikeu Polres Majalengka IPDA Asheri, S.Pd. “Hatur nuhun kana peunteun indikator kinerja pelaksanaan anggaran T.A. 2022 tingkat satuan kerja nilai sempurna (100),” ceuk Kapolres Majalengka.

Baca Juga: Sabada Calon Sejenna Walkout, Dena sacara Aklamasi Dipilih Jadi Ketua Kadin Kabupaten Majalengka

Anu katilu: PS.Kanit 1 Satres Narkoba Aipda Dodo Suhada, S.Pd., M.H, dipandang gede dedikasina jeung loyalitasna dina ngaronjatkeun citra Polri di antara salila 20 taun nyadiakeun santunan ka anak yatim piatu jeung ka nu jompo.

Disebutkeun ku Kapolres Majalengka, masrahkeun pangajen ka anggota nu jasa tur prestasina onjoy  bisa numuwuhkeun rasa kareueus, panghormatan tur sikep tauladan sarta motivasi dina tugas. Bisa jadi conto positip pikeun anggota lianna sangkan tuluy kamotivasi dina ngalaksanakeun tugas.

“Pamugi, urang sadaya salawasna ditangtuyangan sareng kakiatan ku Allah SWT  dina babakti ka masarakat, bangsa katut negara," ceuk AKBP Indra Novianto,S.I.K.

Sagala rupa tarekah nu geus dilaksanakeun ku Polres Majalengka katut rengrengan di taun 2023 dina raraga ngajaga kamtibmas, nanjeur  hukum, nangtayungan jeung ngaledan masarakat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x