Polres Majalengka Nugaskeun Anggotana dina Runtuyan Kagiatan Mieling Hari Jadi ka 533 Majalengka

- 4 Juni 2023, 20:26 WIB
personil Polres Majalengka bareng jeung Polsek Jajaran Polres Majalengka ngajaga kaamaan  jalan santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Majalengka taun 2023 , Ahad (04/06/2023).
personil Polres Majalengka bareng jeung Polsek Jajaran Polres Majalengka ngajaga kaamaan jalan santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Majalengka taun 2023 , Ahad (04/06/2023). /Ayank/Galura

GALURA - Sajumlah 86 personil Polres Majalengka bareng jeung Polsek Jajaran Polres Majalengka ngamankeun jalan santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Majalengka taun 2023, tempatna di Lapang Sepak Bola Desa Kasturi, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, Ahad (04/06/2023).

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, ditepikeun ku Kasi Humas Polres Majalengka, IPTU Agus Wahyudin, nyebutkeun personil Polres Majalengka dina jalan santai salahsahiji runtuyan mieling Hari Jadi ka 533 Majalengja keur ngajaga kaamanan jeung ngatur patalimarga.

Personil Polres Majalengkeun oge keur mastikeun kagiatan lumangsung aman jeung lancar, sarta cumeluk pamilon gerak jalan santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Majalengka tartib teu ngaganggu aktifitas warga lianna.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Ngaluuhan Upacara Mieling Hari Lahir Pancasila

"Ngajaga kaamanan kagiatan masarakat teh wujud Polri aub sareng masarakat. Tangtosna kangge nangtungan sareng ngaladenan masarakat supados kagiatan tiasa lumangsung kalayan lancar, aman sareng kondusip," ceuk IPTU Agus Wahyudin.

Hari Jadi ka 533 Majalengka taun 2023 jejerna: "Rempeg Gawe Lanjutkeun Majalengka Raharja". Jalan Santai dipingpin ku Bupati Majalengka, Dr.H.Karna Sobahi,M.MPd.

Diluuhan ku Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana, Sekda Majalengka, Drs. H. Eman Suherman M.M., katut Unsur Forkopimda, Ketua Tim Penggerak PKK Kabupaten Majalengka, Dra.Hj.Dedeh Karna Sobahi, M.MPd.

Muspika Cikijing, sakumna Staf Ahli oge Asisten Daerah Lingkungan Pemda Kabupaten Majalengka, sakumna Kepala OPD, Camat sa-Rayon Selatan, Perwakilan Bank BJB Majalengka, sakumna Kepala Desa sa Rayon Selatan, Pamilon jalan santai lobana 10 rebu urang.

Baca Juga: Sacara Daring Polres Majalengka Ngaluuhan Dialog Penguatan Internal Polri

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x