Nu Milu Uji Kompetensi Wartawan Angkatan 62-63 di Karawang, 88% Hasilna Nyugemakeun  

- 1 Juni 2023, 20:28 WIB
Roadshow Uji Kompetensi Wartawan (UKW) di Hotel Novotel Kabupaten Karawang, Salasa-Rebo 30-31 Mei 2023.*
Roadshow Uji Kompetensi Wartawan (UKW) di Hotel Novotel Kabupaten Karawang, Salasa-Rebo 30-31 Mei 2023.* /Dok. PWI Jabar/

 

GALURA - Pamarentah Provinsi Jawa Barat jeung Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat ngayakeun Roadshow Uji Kompetensi Wartawan (UKW) di Hotel Novotel Kabupaten Karawang, Salasa-Rebo 30-31 Mei 2023. Ieu Roadshow UKW téh program Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, kalayan ngancokeun 1.000 peserta UKW sa-Jawa Barat dina taun 2023.

Ketua Pelaksana Roadshow UKW PWI Jawa Barat, Ahmad Syukri nyebutkeun, ieu Roadshow UKW PWI Jawa Barat téh mangrupa program 1.000 UKW ti Dinas Komunikasi dan Informatika Provinsi Jawa Barat.

“Dina program 1.000 UKW ieu, Karawang mangrupi lokasi nu kalima, dina angkatan nu ka-62-63. Sadayana aya 65 peserta UKW, ti tingkatan muda, madya, dugi ka utama. Ari pesertana mah ti wewengkon sabudeureun, Purwakarta, Subang, Bekasi, aya ogé deuih nu ti Depok," ceuk Ahmad Syukri.

Sakabéhna aya dalapan lokasi kagiatan roadshow téh, ngawengku Bandung Raya, Kabupaten Bogor, Kota Depok, Karawang, sarta engké baris dituluykeun di Cirebon, Ciamis, jeung Sukabumi.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Kagiatan Roadshow UKW PWI Jabar di Karawang téh dibuka langsung ku Sekrétaris Dinas Komunikasi dan Informatika Provinsi Jawa Barat, Agi Agung Galuh Purwa, disaksian ku Wakil Bidang Organisasi PWI Jabar, Ahmad Syukri, Sekrétaris Umum PWI Jabar, Tantan Sulthon Bukhawan katut pangurus PWI Jabar, jeung Ketua PWI Karawang, Aep Saepuloh, sarta Sekrétaris PWI Karawang, Nilakusuma katut pangurus PWI Karawang.

Nu nguji UKW, di antarana Ahmad Syukri, Ghiok Riswoto, Erwin Kustiman, Kadirah, Suherlan, Widodo Asmowiyoto, Wawan Djuwarna, Ati Suprihatin, Refa Riana, TB Slamet Priyanto, jeung Kesit B. Handoyo.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x