Ajén Idulfitri, KH Ubaidillah: Ngalarapkeun Atikan Ramadan Geusan Ngaronjatkeun Katakwaan

- 22 April 2023, 23:18 WIB
KH Ubaidillah MD, sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Kabupaten Bandung Barat.*
KH Ubaidillah MD, sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Kabupaten Bandung Barat.* /Dok. Roudlotul Ulum/

 

GALURA - Sanggeusna ngalaksanakeun puasa bulan Ramadan, umat muslim di sakuliah dunya nincak Idulfitri 1 Syawal 1444 H.

Tah, ajén-inajén Idulfitri hakikatna mah mingkin ngaronjatna katakwaan jeung kaimanan ka Allah Swt.

Sabadana digembléng sabulan ngalakonan puasa Ramadan, atikan dina éta bulan suci téh sing enya-enya bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé.

Kaistimewaan ajén Idulfitri salasahijina nyaéta mingkin kabukana kaistiqomahan urang geusan ngalaksanakeun ibadah.

Dina bulan suci Ramadan minangka bulan tarbiyah, urang diatik sangkan kahirupan urang mawa mangpaat pikeun lingkungan.

Baca Juga: Uding Solehudin, S.Sos: Lebaran Ngandung Dua Ajen, Idul Fitri jeung Halal Bilhalal

Baca Juga: Tausiah Itikaf di Masjid Raya Bandung, Profesi Lahan keur Pepelakan Alaeun Jaga di Aherat

Idulfitri saenyana lain kudu dibaju anyar, tapi fitrah minangka manusa nu diperedih malar terus ibadah ka Nu Kawasa.

Kitu ceuk KH Ubaidillah MD, sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Kabupaten Bandung Barat, patali jeung ajén-inajén turta hakekat Idulfitri.

Tétéla, ajén-inajén Idulfitri téh aya dina fitrahna manusa minangka mahluk sosial.

Sangkan kahirupan manusa mawa mangpaat keur lingkunganana, taya lian iwal ti ngalakonan amaliyah kalawan niat seja ibadah ka Allah Swt.

"Ku diniatan seja ibadah ukur ka Allah Swt, urang baris dijauhkeun tina kamusrikan," ceuk KH Ubaidillah, Jumaah, 21 April 2023.

Laju inyana ngébréhkeun, tina ibadah puasa dina bulan Ramadan, urang diatik sangkan ngalakonan salat kalawan barjamaah.

Baca Juga: Solat Id, Jumaah, 21 April 2023, di SMK Muhammadiyah Kawali Kabupaten Ciamis, Lain ukur Anggota Muhammadiyah

Baca Juga: Barokah Ramadhan, TMP bareng jeung Relawan Laskar katut Sasama Babagi Tajil di Lapas Majalengka

Atuh ninggang dina kaayaan fitri, dibarengan ku niat meresihan harta ku cara mayar zakat fitrah jeung sidkah.

Lian ti éta, mingkin paheutna tatali silaturahmi papada muslim.

"Ajén-inajén Idulfitri ngajadikeun urang minangka manusa nu tanggoh tur istiqomah pikeun ngalarapkeun atikan Ramadan," pokna deui.

Di sagédéngeun éta, dina kaayaan jiwa nu fitri téh ibadah urang mingkin taat, silaturahmi mingkin paheut, tur mingkin guyub barjamaah.

"Ajén-inajén Idulfitri, sing mingkin kuat tatali silaturahmi, terus kapiara sipat gotong royong, leuwih miduli fakir miskin, insyaallah mingkin legana jalan rijki, sarta dijauhkeun tina rupaning balai," ceuk KH Ubaidillah.***

Baca Juga: Kasidah Cinta Al Kubra, Gambaran Cinta Zainab ka Allah jeung Rasul-Na

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x