Mapag Ramadan 1444 H di Baitun Nidzom, Tumuwuhkeun Silipikanyaah ka Sasama

- 22 Maret 2023, 05:30 WIB
KH Ubaidillah AB, waktu tausiah dina acara Mapag Ramadan 1444 H di Ponpes Baitun Nidzom Al Islami, Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Ahad, 19 Maret 2023.*
KH Ubaidillah AB, waktu tausiah dina acara Mapag Ramadan 1444 H di Ponpes Baitun Nidzom Al Islami, Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Ahad, 19 Maret 2023.* /Dok. Baitun Nidzom/

Ku ayana éta acara, dipiharep mingkin ngaronjatna rasa sauyunan jeung karukunan warga.

"Ieu ge minangka sarana warga pikeun silihampura, diwuwuh ku pangajian, malar dina ngalaksanakeun puasa Ramadan taun ayeuna téh aya dina kaayaan haté nu beresih," pokna.

Ceuk Ustadz H Syihabudin Mahmud, bulan Ramadan minangka bulan mulya. Bulan nu kalintang dianti-antina ku sakumna kaom Muslim di sakuliah dunya. Jeroning bulan Ramadan, mungguh leubeut ku ajén rohmah tur magfirah Allah Swt.

Baca Juga: Hikmah Ibadah Munggah Haji Ceuk KH MD Ubaidillah AB: Napakuran Kalemahan Diri, Maheutkeun Sumanget Barjamaah

"Méh sagala amal ibadah urang dina bulan Puasa téh baris meunang ganjaran manglipet-lipet," pokna.

Tah, saméméh prung ngalakonan puasa dina bulan Ramadan, kalintang hadéna mun urang silihampura ka sasama.

Ti dinya, ogé nguniang rasa silimikanyaah ku cara sidkoh minangka wujud miduli tur kabagjaan ngalakonan puasa Ramadan.

"Muga wae urang sadaya teu weléh dipaparin kakiatan tur katawakalan geusan ngalakonan ibadah puasa Ramadan taun ayeuna kalawan meunang ajén-inajén rohmah jeung magfiroh-Na," pokna.

Tug tepi ka wanci tunggang gunung, réngsé ngaderes du'a, acara dipungkas ku balakecrakan ngararasakeun parasmanan katut idangan lianna.***

Baca Juga: Sidang Isbat Netepkeun Awal Ramadan 1444 H Digelar 22 Maret 2023

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x