Politisi PKB, Maman Imanulhaq: Naekna Bipih taun 2023 kudu Diapresiasi ku Masarakat

- 20 Februari 2023, 10:28 WIB
Maman Imanulhaq dipooto bareng jeung pangurus IPHI Sindangwangi Majalengka: naekna Bipih kudu diapresiasi ku masarakat.*
Maman Imanulhaq dipooto bareng jeung pangurus IPHI Sindangwangi Majalengka: naekna Bipih kudu diapresiasi ku masarakat.* /

GALURA -Politisi PKB, Maman Imanulhaq netelakeun naekna Bipih taun 2023 nu geus disaluyuan ku DPR RI kudu diapresiasi ku masarakat. Naekna Bipih taun 2023 teu bisa disinglar najan sababaraha komponen waragad diefisiensikeun.

“Naekna Bipih taun 2023 kawilang produktif, sabab hasil tina ngurangan sababaraha komponen waragad,” ceuk Maman Imanulhaq. Tina kituna DPR RI nyatujuan ditaekeunana Bipih taun 2023.

Maman nyebutkeun naekna Bipih taun 2023 ngaliwatan proses pulitik. Diusulkeun ku Kementerian Agama (Kemenag) RI. Ti dinya Komisi VIII DPR RI ngabentuk Panitia Kerja (Panja) Haji.

Baca Juga: Musda XV KNPI Majalengka, Anto Febrianto, Sekratris GADA AMS, Kapilih jadi Ketua KNPI Majalengka

Panja Haji DPR RI maluruh komoponen Biaya Perjalanan Ibadah Haji (Bipih) atawa Biaya Penyelenggaraan Ibadah Haji (BPIH). Hasilna DPR RI nyatujuan Bipih taun 2023 naek, padahal tadina DPR RI entang-entangan nolak, duka ku naon satuluyna leah.

Naekna Bipih gedena Rp14 juta. Leuwih mahal taun-taun samemehna. Calon jamaah haji nu geus ngalunasan ONH sarta kabagean munggah haji taun 2023 ayeunan kudu nambahan deui Rp14 juta.

Maman Imanulhaq ngabejerbeaskeun soal naekna Bipih taun 2023 waktu
masrahkeun bantuan ka pangurus IPHI (Ikatan Persaudaraan Haji Indonesia), Ahad (19/02/2023).

KH Maman nu oge pangasuh Ponpes Al Mizan Jatiwangi miharep gedong IPHI Sindangwangi gancang rengse. “Supados tiasa enggal tiasa dimangfaatkeun ku masarakat,” pokna.

Salian ti eta, KH Maman ngaharepkeun gedong IPHI Sindangwangi gede kontribusina keur kagiatan masarakat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x