Danrem 063 Sunan Gunung Jati Masrahkeun Bantuan keur Korban Banjir di Subang

- 15 Februari 2023, 16:14 WIB
Danrem 063 Sunan Gunung Jati, Kolonel Inf Dany Rakca, waktu masrahkeun bantuan keur korban banjir di Pamanukan, Kab. Subang, Senen, 13 Februari 2023/Dok  Pendam III/Slw
Danrem 063 Sunan Gunung Jati, Kolonel Inf Dany Rakca, waktu masrahkeun bantuan keur korban banjir di Pamanukan, Kab. Subang, Senen, 13 Februari 2023/Dok Pendam III/Slw /
GALURA - Danrem 063 Sunan Gunung Jati, Kolonel Inf Dany Rakca, masrahkeun bantuan keur korban banjir di Subang, Senen, 13 Februari 2023.
 
Eta bantuan keur korban banjir teh dipasrahkeun ku Danrem 063 Sunan Gunung Jati waktu ngaroris daerah nu kabanjiran di budeureun Kacamatan Pamanukan, Subang.
 
Kalawan dijejeran ku rengrengan Kodim 0605 Subang, Danrem 063 Sunan Gunung Jati antarana ngalongok sababaraha lembur nu kakeueum banjir di Desa Mulyasari, Pamanukan, Kabupaten Subang.
 
Hujan badag nu kawilang kerep sababaraha poe ieu ngabalukarkeun debit cai Walungan Cigadung mudal tur banjir di sababaraha lembur di Pamanukan.
 
Sabada nampa laporan ti Dandim 0605 Subang, yen sababaraha imah di Pamanukan kakeueum mudalna cai Cigadung, Danrem 063 Sunan Gunung Jati langsung ngadongdon ka lokasi banjir.
 
Lian ti ngaroris jeung nyumangetan warga nu kabanjiran di Pamanukan, Danrem 063 Sunan
Gunung Jati ge masrahkeun bantuan sembako.
 
 
"Kuring kalih rengrengan pamarentahan teu weleh rancingeus, pakumaha geusan ngaringankeun parakorban nu kabanjiran. Ieu luyu jeung instruksi Presiden sangkan aparat kudu ngabantu masarakat," ceuk Danrem 063 Sunan Gunung Jati.
 
Satuluyna manehna ge ngeceskeun, nu jadi matak banjir teh alatan mudalna cai walungan ku sabab ayana pendangkalan aliran walungan.
 
Ku kituna, kalawan rukun gawe jeung Forkopimda, manehna baris geura-geura ngarumuskeun bongbolonganana.
 
Anapon di lokasi banjir, ngadeg dapur umum di tukangeun Kantor Desa Mulyasari kalawan ngamangpaatkeun kompor Biomassa inovasi Kodam III Siliwangi, sarta ngagelar posko kesehatan pikeun warga korban banjir.
 
"Rupaning bantuan, dapur umum, jeung tarekah sejenna geusan ngabantu warga korban teh oge teu leupas tina rukun gawe jeung Bulog, Kodim, Polres, Polsek, katut Dinas Sosial," pok Danrem 063 Sunan Gunung Jati. ***
 

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x