Seren Sumeren Pajabat Kodam III Siliwangi, Pangdam: Prajurit Kudu Wani, Moderat Dibarung Pangaweruh

- 7 Februari 2023, 14:43 WIB
Seren sumeren pajabat Kodam III/Siliwangi dipingpin Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, di Makodam III/Siliwangi, Jln. Aceh, Kota Bandung, Senen, 6 Februari 2023/ Dok. Pendam III/Slw
Seren sumeren pajabat Kodam III/Siliwangi dipingpin Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, di Makodam III/Siliwangi, Jln. Aceh, Kota Bandung, Senen, 6 Februari 2023/ Dok. Pendam III/Slw /

Oge panuhun katut pangajen ka Kolonel Inf Opan Sopandi kana loyalitas, ketak sarta dedikasina.

"Ka Brigjen TNI Agus Saepul kalih istri, wilujeng sumping tur wilujeng mancen tugas di Kodam III/Siliwangi,” ceuk Pangdam.

Baca Juga: Mataram Kungsi Sisirikan ka Banten, Pedah Raja Banten Dileler Gelar Sultan ku Raja Arab

Satuluyna Pangdam ge ngeceskeun, dina Apel Dansat TNI di Akmil Magelang, diguar sual esensi integritas perwira, kamampuh anggaran jeung ngawangun soliditas TNI.

Sababaraha prioritasna nyaeta sumber daya manusa (SDM), intelektual, katut ngawangun jaringan.

Pikeun ngadalikeun inflasi ge Kodam III/Siliwangi geus mokalan program ketahanan pangan di wilayah Kodam III/Siliwangi.

Baca Juga: Diduga tina Lilin, Kahuruan di Desa Sukamenak Margahayu, Aya 25 Imah nu Ludes

Tumali jeung jabatan, nempatkeun prajurit di hiji jabatan teh geus hasil tinimbangan katut kriteria.

"Kuring teu weleh mere kasempetan jeung kapercayaan ka sakumna prajurit. Urang mikabutuh prajurit nu moderat, wani, tur pangalaman dibarung ku mundelna pangaweruh," ceuk Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x