Di sejen pihak, Direktur Aleyra Hotel & Villa, Tarindra Raditya Rangga Warman, ngebrehkeun yen acara nu dijudulan “Aleyra Festival Garutan 2023” teh dicalagarakeun dina raraga mieling Hari Jadi ka-210 Garut.
Baca Juga: Karajaan Sunda Kagolongkeun Karajaan Agraris tapi Dideudeul ku Maritim nu Kuat
Acarana, pokna, moal diayakeun ngan sakali. Nurutkeun rarancang, acara nu meunang pangrojong ti
Dinas Perindustrian Perdagangan Energi Sumber Daya Mineral (Disperindag ESDM) Garut teh baris dicalagarakeun unggal poe Minggu.
“Mudah-mudahan wae acarana teras lancar sareng aya mangpaatna kanggo balarea,” cenah. ***