Elang Jawa Jelita jeung Parama Dikencarkeun di Wewengkon TSI Cisarua Bogor bari Dpasangan GPS

- 31 Januari 2023, 16:15 WIB
IIlustrasi elang jawa atawa heulang nu dikencarkeun di TSI Cisarua, Bogor
IIlustrasi elang jawa atawa heulang nu dikencarkeun di TSI Cisarua, Bogor /Pixabay/sarangib/

Cek Cici, masangkeun GPS dina awak elang jawa teh minangka anu kadua di Indonesia.

"Nu munggaran dipasangkeun dina awak Iskandar, Januari 2022 nu tos kalangkung," pokna.

Cek Cici deui, GPS teh dipasangkeunana dina bagean tukang hulu Jelita jeung Parama kalawan make tali.

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

GPSna make batere nu ditaksir tahan salila tilu taun. GPSna ge teu kudu "dicharge" da ngagunakeun solar panel nu ngan butuh daya panon poe wungkul.

 

 

Nurutkeun katerangan, Jelita teh hiji heulang bikang hasil pembiakan di TSI. Jelita minangka anak ti indukan Rizka jeung Hanum. Umurna ayeuna, nincak 2 taun 4 bulan.

Sedengkeun Parama mah heulang nu ngahaja dibaranahkeun fi Pusat Suaka Satwa Elang Jawa (PSSEJ) Loji Balai TNGHS. Indukanana nyaeta Rama jeung Dygtha. Umur Parama ayeuna nincak 2 taun 7 bulan.

Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: jabar.antaranews.com


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x