Marc Klok Rek Mawa Persib Ngarebut 'Tahta' Klasemen BRI Liga 1 nu Ayeuna Dicekel Persija

- 31 Januari 2023, 14:15 WIB
Pamaen galandang Marc Klok boga karep hayang mawa Persbi Bandung ngarebut deui tahta klasemen saheulanana BRI Liga 1 nu ayeuna dicekel Persija Jakarta/persib.co.id
Pamaen galandang Marc Klok boga karep hayang mawa Persbi Bandung ngarebut deui tahta klasemen saheulanana BRI Liga 1 nu ayeuna dicekel Persija Jakarta/persib.co.id /

GALURA - Pamaen galandang Marc Klok boga karep hayang mawa Persib Bandung ngarebut deui tahta klasemen saheulanana BRI Liga 1 nu ayeuna dicekel Persija Jakarta.

Eta sababna, dina nyanghareupan PSIS Semarang di kandangna, Stadion Jatidiri, Salasa 31 Januari 2023 jam 16.30 ayeuna, Klock rek maen daria jeung nembongkeun pangabisana kalawan maksimal.

"Laga engke waktos nu pas ngarebut deui tahta klasemen Liga 1," cek pamaen lapangan tengah naturalisasi asal Walanda teh.

Baca Juga: Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

 

Klok, jangjina rek mantuan pamaen hareup nyipktakeun peluang nyitak gol nepi ka golna ku operan-operan sampurna ti lapangan tengah.

Malah, cenah, mun aya lolongkrang, manehna oge baris usaha satekah polah ngasupkeun bal ka gawang lawan.

 

Najan kitu, pamaen Timnas Indonesia nu kapake pisan ku Shin Tae-yong teh teu nganggap enteng calon lawanna engke, PSIS Semarang.

Baca Juga: Palakiah atawa Cara Ngungkulan Pangaruh Sihir, Teluh atawa Santet nu Halal Numutkeun Islam

Cek manehna, lantaran Persib ayeuna keur mangprang, lawan pasti hayang ngelehkeun Persib, nu nepi ka ayeuna, tina 12 kali maen, can kungsi eleh.

Kaasup nu hayang ngelehkeun Persib teh tangtu wae Mahesa Jenar, jujuluk keur PSIS Semarang.

Sok komo deui, calon lawanna dipastikeun meunang rojongan gede ti fans atawa pendukungna, da maenna di kandang sorangan.

Baca Juga: Ngojay di Sirah Cai Cimincul Subang, Caina Canembrang Herang, Matak Poho Hanjat jeung Mulang, Wisata Murah

"Tangtos PSIS teu tiasa dianggap enteng," cek pamaen nu make kaos nomer 10 teh. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x