Silaturahmi Bacaleg DPRD Bandung Barat Pemilu 2024 Partai Demokrat, HM Bahtiar: Ihtiar Pikeun Kamaslahatan

- 30 Januari 2023, 16:45 WIB
HM Bahtiar, Bacaleg DPRD Kab. Bandung Barat ti Partai Demokrat dina Pemilu 2024 ti Dapil Parongpong, Lembang, Cisarua/Dok Pribadi
HM Bahtiar, Bacaleg DPRD Kab. Bandung Barat ti Partai Demokrat dina Pemilu 2024 ti Dapil Parongpong, Lembang, Cisarua/Dok Pribadi /

Minangka santri nu katelah kaom sarungan, manehna boga tekad kontribusi mere warna anyar keur kamajuan turta kamaslahatan daerah, hususon Bandung Barat.

Dibarung ku niat seja hidmat ka masarakat, manehna ge usaha satekah polah malar aya putra daerah teureuh Cihanjuang nu munggaran jadi anggota DPRD Bandung Barat.

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

Ti saprak Pemilu 1999, memang tacan aya putra daerah Cihanjuang nu kapeto jadi anggota DPRD, boh ti keur waktu nginduk ka Kabupaten Bandung boh ayeuna geus dimekarkeun jadi Kabupaten Bandung Barat.

"Padahal rupaning potensi nu dipiboga ku Desa Cihanjuang teh teu eleh jeung desa sejenna di Dapil Kacamatan Parongpong, Lembang, katut Cisarua," pokna.

Lian ti eta, manehna boga pamadegan, yen geus waktuna kaom milenial ge mibanda tekad mere kontribusi aktif pikeun kamajuan masarakat, ku cara merjoangkeun tur ngawujudkeun aspirasi- aspirasi masarakat.

Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

"Dina Pemilu 2024, geus waktuna kaom ngora milenial nembongkeun ketak turta makihikeun karya nyata ngahontal kaayaan nu leuwih hade notog kana baldatun thayyibatun warrabbun ghafur kalawan bajoang di jalur legislatif," ceuk HM Bahtiar.

Ku kituna, manehna ti anggalna geus ngabaladah sosialisasi ku cara silaturahmi, nepungan parasesepuh, nepungan majlis-majlis taklim, komunitas-komunitas masarakat, katut ancrub kana pirang-pirang program sosial kamasarakatan, jeung sajabana.

Manehna ge ngadegkeun komunitas Sahabat Haji Bahtiar (SaHaTi), minangka beungkeutan silaturahmi tur sarana keur bajoang dibarung udagan ti santri pikeun negri seja babakti tur hidmat ka masarakat enggoning kamajuan sarta kamaslahatan daerah jeung bangsa.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x