Perumda Air Minum Tirta Raharja Dileler 3 Pangajèn Program HAMBK ti Pamarèntah Australia

26 Juni 2024, 16:39 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna narima pangajèn nu dipasrahkeun Direktur Air Minum Ditjen Cipta Karya Kementerian PUPR, Anang Muchlis di Yogyakarta, Rebo, 26 Juni 2024. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Perumda Air Minum Tirta Raharja Kabupaten Bandung ngaborong tilu pangajèn tingkat internasional, dina Program Hibah Air Minum Berbasis Kinerja (HAMBK) ti Department of Foreign Affairs and Trade (DFAT) Australia.

Ieu pangajèn ditarima langsung ku Bupati Bandung Dadang Supriatna, dina acara Lokakarya Penutupan Program HAMBK di Yogyakarta, Rebo, 26 Juni 2024.

Program HAMBK teh hasil gawè bareng antara Pamarèntah Australia, Kedutaan Besar Australia,  Indonesia Australia Partnership for Infrastructure (KIAT), nu mimitraan jeung Direktur Air Minum Ditjen Cipta Karya Kementerian PUPR.

Tilu pangajèn nu dihontal Pamarèntah Kabupaten Bandung nu ngapimilik Perumda Air Minum Tirta Raharja: Best of the Best implementasi Program HAMBK, ti 17 pilot project saindonesia.

Dua pangajen sejenna: Peserta Terbaik Program HAMBK tina Indikator Kualitas Air, jeung hiji deui Kabupaten Bandung pamilon HAMBK Terbaik kalayan meunang peunteun pang luhurna.

Bupati Bandung Dadang Supriatna nganuhunkeun kana pangajèn nu dihontal ku Perumda Tirta Raharja jeung Dinas PUTR Kabupaten Bandung nu mantuan kahontalna 11 indikator kacumponan tepi ka ngahasikkeun pangajèn dina Program HAMBK/DFAT.

“Hatur nuhun ka bapa dirut PDAM Tirta Raharja sareng DPUTR Kabupaten Bandung nu tos tiasa mintonkeun kinerja nu saè," ceuk Bupati Bandung.

Ceuk Dadang Supriatna, pangajèn teh apresiasi nu kacida luar biasa. Inyana miharep bisa dijadikan pangrojong pikeun terus ngaronjatkeun panglayan nu alus ka masarakat Kabupaten Bandung.

“Pangajèn ogè ku simkuring dihaturkeun kanggo masarakat Kabupaten Bandung, dina raraga ngawujudkeun Kabupaten Bandung nu Bedas, Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis, Sejahtera,” ceuk Bupati Dadang Supriatna.

Dirut Perumda Tirta Raharja Kabupaten Bandung Teddy Setiabudi nambahkeun, rèngrèngan direksi jeung karyawan Perumda Tirta Raharja nganuhunkeun kana  panyumanget nu luar biasa tur maksimal ti Bupati Bandung Dadang Supriatna minangka Kuasa Pemilik Modal (KPM) Perumda Tinta Raharja.

“Salami ieu, Pa Bupati teu welèh ngadukung, boh tina pembiayaan, boh kinerja sareng dukungan sanèsna, hasilna alhamdulillah dinten ieu kenging pangajèn tina prestasi kinerja Perumda Tirta Raharja,” ceuk Teddy.

Pihakna ogè nganuhunkeun ka Project Implementation Unit (PIU) nu nyumangetan ogè ka ketua jeung anggota Dewan Pengawas nu teu welèh ngadukung program-program Tita Raharja. Kaasup stakeholder lianna, boh ti legislatir boh eksekutif nu salila ieu nyumangetan pikeun  ngaronjatkeun kinerja pausahaan jeung  panglaayan ka masarakat di Kabupaten Bandung.

“Tilu pangajèn teh salasahiji nu dihaturkeun ti Perumda Air Minum Tirta Raharja keur masarakat Kabupaten Bandung jeung sakum pagawé nu teu welèh kolaborasi, solid sareng damelna getèn jang ngaronjatkeun kinerja pausahaan,” ceuk Teddy. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler