Kepala Kemenag KBB: Calon Haji Asal KBB nu Batal Miang ka Tanah Suci 36 Urang

30 Mei 2023, 11:19 WIB
calon haji asal KBB nu ngagabung dina Kelompok Terbang (Kloter) 9, Jumaah (26/5), di Pusdikav Kota Baru Parahyangan dijurung laku ku Bupati KBB, Hengky Kurniawan nuju ka Asrama Haji Bekasi. Kepala Kemenag KBB nyebutkeun calon haji asal KBB nu batal miang ka Tanah Suci lobana 36 urang.* /

GALURA -Plt Kepala Kemenag KBB (Kabupaten Bandung Barat), H. Sopian, S.PdI., M.Si dijejeran Kepala Seksi Penyelenggaraan Haji & Umroh, Fuad Lutfi, netelakeun, jamaah calon haji asal KBB, nu batal miang ka Tanah Suci taun 2023 ayeuna, jumlahna 36 urang.

Nu jadi marga batalna calon haji asal KBB miang ka Tanah Suci, ceuk Plt Kepala Kemenag KBB, ku lantaran tepi ka batas waktu nu geus ditangtukeun, teu ngalunasan ongkos Biaya Perjalanan Ibadah Haji (Bipih), tilar dunya samemeh miang, umur nu kawilang sepuh jeung alesan sejenna.

Plt Kepala Kemenag KBB nyebutkeun calhaj asal KBB nu teu bisa miang ka Tanah Suci quotana diganti ku calhaj cadangan. Jamaah calon haji cadangan asal KBB, jumlahna ngahontal 369 urang. Ari calon jamaah haji asal KBB jumlahna 1.147 urang.

Baca Juga: Miangkeun Jemaah Calon Haji Asal Ciamis Kloter Munggaran, Bupati Ciamis: Niat Ibadah Haji Karana Alloh

“Mung, nu tos ngalunasan Bipih, ngawengku quota cadangan, quota lansia, sareng quota lunas murni aya 1.111 urang,” ceuk Fuad. Nyambungkeun obrolanna, Fuad, netelakeun, pihakna geus koordinasi jeung KUA katut KBIH, nataan calon haji nu can ngalunasan Bipih. Husus calhaj nu asup kana kategori lansia, ti KBB jumlahna 197 urang.

Sajumlah 392 urang jamaah calon haji asal KBB nu ngagabung dina Kelompok Terbang (Kloter) 9, Jumaah (26/5), di Pusdikav Kota Baru Parahyangan dijurung laku ku Bupati KBB, Hengky Kurniawan nuju ka Asrama Haji Bekasi. Luyu jeung jadwal, Saptuna (27/5/2023) jam 20.30 miang ka Madinah.

Waktu berita ieu dimuat, rombongan Kloter 9 KBB nu dijejeran 8 patugas haji geus cunduk ka Madinah, langsung ngalaksanakeun saniskara ritual ibadah jeung sawarehna jamaah aya nu ngalaksanakeun shalat arbain bari ngadagoan jadwal miang ka Tanah Suci Makkah pikeun ngalaksanakeun Wukuf katut ritual ibadah sejenna.

Samemehna, Salasa (23/5/2023) Kepala Kanwil Kemenag Jabar, Ajam Mustajam dijejeran Kepala Bidang Penyelenggaraan Haji dan Umroh, Boy Hari Novian, netelakeun, jumlah sagemblengna jamaah calon haji asal Jabar nu baris miang ka Tanah Suci taun 2023, jumlahna 38. 723 urang.

Baca Juga: Ngaraketkeun Ukhuwah, DPD PKS Kabupaten Majalengka Halal Bilhalal, Siap Tandang tur Unggul dina Pemilu 2024

“Ngagabung dina 96 Kloter, 72 Kloter miang ti Bandara Soekarno-Hatta, Jakarta jeung 47 Kloter miang ti Bandara Kertajati, Majalengka,” pokna.

Dihandap ieu, dicutat jadwal terbang jamaah haji asal Jawa Barat ka Tanah Suci: Kloter 1, jamaah calhaj Kab Garut, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 23 Mei 2023 Jam 11.15, miang ka Bandara Soetta, Jakarta tanggal 24 Mei 2023, Jam 03.15.

Take Off 08.15 ; Kloter 2, jamaah calhaj asal Kabupaten Cianjur, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 23 Mei 2023 jam 13.15, miang ka Bandara Soetta, Jakarta tanggal 24 Mei 2023, Jam 08.15. Take Off, jam 13.15;

Kloter 3, Jamaah asal Kabupaten Bekasi, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 24 Mei 2023, Jam 12.25, miang ka Bandara Soetta, Jakarta tanggal 25 Mei jam 07.25. Take Off, Jam 12.20.

Baca Juga: Lulusan SMK Pertiwi Kuningan Rea Nu Sukses

Kloter 4, calhaj asal Kabupaten Bogor, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 24 Mei 2023, miang ka Bandara Soetta, Jakarta tanggal 25 Mei 2023 jam 09.15. Take Off, tanggal 25 Mei 2023 jam 14.20.

Kloter 5, jamaah calhaj asal Kota Bekasi, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 25 Mei 2023 jam 16.35, miang ka Bandara Soettam Jakarta tanggal 26 Mei 2023 jam 09.35. Take Off, tanggal 26 Mei 2023, jam 15.35.

Kloter 6, jamaah calhaj asal Kabupaten Sukabumi, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 25 Mei 2023 jam 17.25, miang ka Bandara Soetta Jakarta tanggal 26 Mei 2023 jam 11.25. Take Off, tanggal 26 Mei 2023, jam 16.25.

Kloter 7, jamaah calhaj asal Kabupaten Tasikmalaya, asup Asrama Haji Bekasi, tanggal 26 Mei 2023 jam 07.45, miang ka Bandara Soetta, Jakarta tanggal 27 Mei 2023 jam 02.45. Take Off, jam 07.45 tanggal 27 Mei 2023.

Baca Juga: Di Daerah Konflik, Ratusan Brimob Diturunkeun pikeun Ngajaga Kaamanan Pilkades Serentak 2023 di Majalengka

Kloter 8, jamaah asal Kabupaten Karawang, asup ka Asrama Haji Bekasi tanggal 26 Mei 2023, jam 16.50, miang ka Bandara Soetta, Jakarta tanggal 27 Mei 2023, jam 11.50. Take Off, tanggal 27 Mei 2023 jam 16.50.

Kloter 9, jamaah asal Kabupaten Bandung Barat, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 26 Mei 2023 jam 19.30, miang ka Bandara Soetta, Jakarta tanggal 27 Mei 2023 jam 15.30. Take Off, tanggal 27 Mei 2023 jam 20.30.

Kloter 10, jamaah asal Kota Depok, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 27 Mei 2023 jam 13.05, miang ka Bandara Sotta, Jakarta tanggal 28 Mei 2023, jam 08.15. Take Off, tanggal 28 Mei 2023 jam 14.05.

Kloter 11, jamaah asal Kabupaten Bandung, asup Asrama Haji Bekasi tanggal 27 Mei 2023 jam 18.05, miang ka Bandara Soetta, Jakarta tanggal 28 Mei jam 13.05. Take Off, tanggal 28 Mei 2023 jam 18.05.

Ceuk Panitia Ibadah Haji Daerah, saban poe nu asup ka Asrama Haji Bekasi jeung indit ka Bandara Soetta, Jakarta teh dua kloter. “Kloter pamungkas nu husus miangna ti Asrama haji Bekasi, Kloter ka 72, gabungan jamaah haji campuran asal Kabupaten Bogor, Cianjur, Kota jeung Kabupatem Bandung,” pokna.*** Cecep Ks

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler