Hikmah Puasa Ramadan, KH Ubaidillah: Ngalatih Kasaimbangan Hirup Geusan Taqorub ka Allah

22 Maret 2023, 05:25 WIB
KH Ubaidillah AB, sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum, Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.* /Dok. Pribadi/

GALURA - Bulan puasa Ramadan nu euyeub ku rupaning hikmah, tétéla minangka sarana ngalatih diri.

Minangka salasahiji rukun Islam, ngalakonan puasa Ramadan téh malar jadi jalma nu takwa.

Lian ti pikeun ngalatih kasabaran, puasa di Bulan Suci Ramadan gé geusan ngalatih kadisiplinan dibarung kaihlasan miharep rido-Na.

Anapon pikeun katetepan awal Ramadan 1444 H, Kementerian Agama baris ngagelar Sidang Isbat, poé ieu, Rebo, 22 Maret 2023.

Ngeunaan hikmah puasa Ramadan, sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, KH Ubaidillah AB, ngécéskeun, puasa téh minangka bukti kataatan jalma ka Allah Swt malar urang kaasup golongan insan nu takwa.

Baca Juga: Ponpes Roudlotul Ulum, Lalakon 20 Taun Ihtiar Geusan Ngagumelarkeun SDM nu Mibanda Ahlakul Karimah

Dina puasa Ramadan gé aya ajén-inajén sangkan leuwih miduli ka papada jalma ku cara sidkoh (sedekah).

"Lian ti éta, Ramadan gé bulan latihan kasabaran enggoning nyinglar tina rupaning laku lampah nu teu uni, bukti teu weléh sukuran kana ni'mat Allah," pokna.

Sakumaha nu geus diajarkeun ku Rosulullah, bulan puasa Ramadan minangka waktuna ihtiar ngalakonan amal saloba-lobana diwuwuh tarékah tékad jadi insan nu Qur'ani.

Di sagédéngeun bisa ngahapus dosa, jalma nu ngalakonan ibadah puasa Ramadan baris dipaparin kabagjaan kalawan ditempatkeun di sorga Ar-Rayyan.

Pirang-pirang hikmah séjénna tina ibadah puasa Ramadan téh antarana teu weléh didu'akeun ku malaikat, meunang pangampura tur rahmat-Na kalawan diijabahna du'a, dibebaskeun tina seuneu naraka, katut ditikelkeunana rijki.

Baca Juga: Hikmah Ibadah Munggah Haji Ceuk KH MD Ubaidillah AB: Napakuran Kalemahan Diri, Maheutkeun Sumanget Barjamaah

Ieu sesepuh nu ponpesna di lelewek Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat téh satuluyna ngébréhkeun, ibadah puasa boga tujuan keur ngalatih diri ngajauhan dosa-dosa.

Dipiharep, lain waé dina jero bulan puasa, tapi ogé mampuh nyinglar kagoréngan jaga di luareun bulan puasa.

Ku ngalakonan puasa Ramadan, baris kajaga kasaimbangan hirup, sabab enas-enasna urang téh mahluk Allah nu diparéntah keur ibadah.

Sajeroning ngajalankeun ibadah duniawi sok waé aya hawa nafsu nu bet mopohokeun kawajiban.

"Tah, dina bulan Ramadan urang dilatih sangkan tetep inget kana rupaning kawajiban di dunya kalawan baris dipaparin pahala manglipet-lipet. Ku ngalakonan puasa Ramadan, dipiharep urang sing jadi jalma nu takwa, bisa ngadalikeun hawa nafsu, geusan taqorub ka Allah SWT," ceuk KH Ubaidillah AB.***

Baca Juga: Sidang Isbat Netepkeun Awal Ramadan 1444 H Digelar 22 Maret 2023

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler