GALURA - Kapolresta Bandung Kombes Pol. Kusworo Wibowo nyebutkeun, pasualan nu kajadian dina Pemilu 2019 nyaèta loba pKaenyelenggara Pemilu nu gering tur tiwas.
Éta ditepikeun ku Kapolresta dina diskusi "Untuk Pemilu 2024 yang Kondusif di Wilayah Kabupaten Bandung". Éta diskusi téh diayakeun ku Polresta di Mapolresta Bandung, Jalan Bhayangkara, Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung, Senèn (20/2/23).
"Salasawiosna, pangna diskusi ieu diayakeun tèh supados dina Pemilu 2024 teu kajadian deui turta jadi kondusif," ceuk Kusworo.
Diskusi ieu diayakeun, nurutkeun Kapolresta Bandung, tina analisa jeung evaluasi Pemilu samémèhna.
Utamana, ceuk Kusworo, patali kaséhatan para penyelenggara Pemilu, nu ku pamarèntah daerah baris difasilitasi BPJS Ketenagakerjaanana.
Numutkeun Kuswoeo, liwat diskusi ieu ogè dipiharep bisa ngurangan ayana politik identitas nu bisa ngabengkahkeun persatuan jeung kesatuan bangsa.
Ngeunteung tina pasualan Pemilu 2019, Kapolresta Bandung miharep pelaksanaan Pemilu 2024 di Kabupaten Bandung lumangsung aman tur tingtrim.*** Sopandi
Baca Juga: Bupati Bandung Miharep, Dina Pemilu 2024 Taya Black Campaign
Baca Juga: Politisi PKB, Maman Imanulhaq: Naekna Bipih taun 2023 kudu Diapresiasi ku Masarakat