Jurus Irfan Nur Alam jeung Bapenda Majalengka Ngudag Target Pajeg Daerah 2023, Diririwaan ku Resesi Global

6 Februari 2023, 09:30 WIB
Irfan Nur Alam, Kepala Bapenda Kabupaten Majalengka nyusun strategi keur nyumponan target pajeg. /


GALURA –Bapenda Kabupaten Majalengka nu dipingpin ku Irfan Nur Alam, taun 2023 ayeuna nyanghareupan sababaraha halang harungan dina ngahontal target pajeg nu aya patalina jeung resesi global.

Pangna Bapenda Kabupaten Majalengka nyanghareupan halang harungan dina ngudag target pajeg teh alatan tumuwuhna ekonomi di nagara urang ku ayana beja ngeunaan resesi global taun 2023.

Ceuk Irfan beja ngeunaan resesi global bakal bisa mangaruhan kana target beubeunangan nagara tina pajeg, kaasup nu bakal kaalaman ku Bapenda Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Ceuk Guruh Irawan, Cara Nu Dilarapkeun Ku Pemdes Tugumulya Dina Mayar PBB, Kaasup Muatan Lokal

Bapenda Kabupaten Majalengka ku APBD Majalengka dina taun 2023 tina pajeg ditargetkeun kudu meunang Rp192 miliar leuwih. Angka ieu teu jauh jeung target APBD taun kamari.

Anapon kitu, Bapenda Majalengka gede harepan target Rp192 milyar bakal kahontal. “Ieu ngeunteung ti beubeunangan pajeg diba taun 2022 nu oge ngahontal target,” ceuk Irfan.

Irfan nembrakeun strategi nu digunakeun pihak ku Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Majalengka dina ngungkulan halang harungan dina ngudag target pajeg.

Di antarana, Bapenda geus ngalaunching 17 program inovasi nu dilaksanakeun di bulan Desember 2022 katompernakeun.

Baca Juga: Panen Pare Munggaran di Desa Kertawangunan, Acep : Patani Kudu Leuwih Motekar

"Aya strategi, aya tarekah sareng siasat supados pajeg daerah tiasa optimal sareng maksimal, supados tiasa direalisasikeun saluyu sareng target katut harepan nu dipikahoyong ku urang," ceuk Irfan ka Galura, Jumaah (04/03/2023).

Leuwih jauh Irfan nyebutkeun, metode dina mulut pajeg daerah ngan aya dua cara: intensifikasi jeung ekstensifikasi. “Intensifikasi, nya target beubeunangan tina pajeg Rp 192 milyar,” pokna.

Ditambahkeun Irfan, ekstensifikasi kumaha wajib pajeg bisa dilegaan. Tina kituna Bapenda Kabupaten Majalengka bakal ngorehan potensi pajeg.

"Waktos taun kamari oge kekengingan tina pajeg tos kahontal. Taun ayeuna ampir sadaya jenis pajeg tumuwuh. Simkuring optimistia target taun 2023 ayeuna, bakal kahontal," ceuk Irfan.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Dileler Pangajen ti Kemendes, UPK PNPM MPd Jadi Bumdesma

Irfan miharep gawe bareng nu hade di sakumna stakeholder jeung rojongan koordinasi katut lembaga-lembaga lianna. Nu utama ngeunaan pamahaman ka sakumna wajib pajeg.

"Nu dititenan ku simkuring, nu pinter samalih mindeng ngamomorekeun kawajibanna. Ku kituna peryogi harmonisasi, kolaborasi, sarta integrasi supados pentingna pajeg daerah kahartoseun ku wajib pajeg," ceuk Irfan.

Target Pajeg Daerah Taun 2023 di Kabupaten Majalegka.
1. Pajeg Hotel: Rp 2.100.000.00
2. Pajeg Restoran: Rp 7.000.000.000
3. Pajeg Hiburan: Rp 546.800.000
4. Pajeg Reklame: Rp 5.000.000.000
5. Pajeg PJU: Rp 48.675.320.500
6. Pajeg Parkir: Rp 1.950.000.000
7. Pajeg Air Tanah: Rp 900.000.000
8. Pajeg PBB: Rp 78.000.000.000
9. Pajeg BPHTB: Rp 48.300.000.000
Total Target Pajeg Daerah Kabupaten Majalengka: Rp 192.472.120.500,-

Ceuk Irfan sakumna wajib pajeg nu taat mayarj kawajibanna bakal dibere apresiasi. “Reward kanggi wajib pajeg tos dilaksanakeun,” pokna. Apresiasina teh wajib pajeg nu kapilih dibere hadiah motor jeung sajabana.

Irfan cumeluk ka sakumna wajib pajeg sangkan tuhu kana kawajibanana. “Pajeg daerah teh kawajiban. Wajib pajeg milu kontribusi kana ngaronjatna pangwangunan,” ceuk Irfan.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler