GALURA - Robah, kitu pisan kick off pertandingan Persib Bandung ngalawanan Borneo FC di Stadion Pakansari, Cibinong, Kabupaten Bogor teh.
Lian ti robah jam kick off, pertandinganna oge teu bisa dilalajoan langsung di stadion.
Nurutkeun jadwal, mimitina kick off Persib Bandung vs Borneo FC teh rek sanggeusna Magrib, ecesna jam 18.30 WIB. Lagana oge bisa dilalajoan kaasup ku bobotoh.
Baca Juga: Persib vs Borneo FC, Luis Milla : Sumanget Maung Bandung Taya Tandingna, najan Nick Kuipers Teu Maen
Ngan sabada aya kamandang ti sawatara pihak, kick off Persib lawan Borneo FC maju jadi jam 15.30 WIB. Lian eta, tanpa panongton deuih.
"Muhun, kick off majeng ka tabuh 15.30 WIB, sareng tanpa panongton," cek Direktur PT Persib Bandung Bermartabat, Teddy Tjahjono.
Ditetelakeun, tadina laga teh dimimitianna memang rek jam 18.30 WIB, luyu jeung jadwal nu geus ditangtungkeun.
Ngan sabada ditimbang-timbang lantaran aya kamandang ti sawatara pihak, laga maju ka sabada Asar, jeung teu bisa dilalajoan, boh ku suporter Borneo FC boh ku bobotoh.
"Sadaya komponen nu kalibet dina pertandingan gaduh tinimbanga kaamanan sareng kasalametan," cek Teddy.
Nurutkeun Teddy, pihakna saenyana miharep aya rojongan bobotoh nalika Persib adu hareupan jeung Borneo FC.
Bobotoh dihenteu-henteu ge gede pangaruhna ka tim Maung Bandung. Bobotoh bisa nambahan motivasi ka para pamaen.
"Ngan dumasar hasil assesment ti ti pihak kaamanan, pertandingan Persib lawan Borneo FC kudu tanpa panongton," pokna deui.
Keur nu rek lalajo Persib vs Borneo FC via streaming, ia link live streaming pertandinganana.
Baca Juga: Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan
>>>Link Live Streaming <<<
Wilujeng nonton!***