Persib vs Borneo FC, Luis Milla : Sumanget Maung Bandung Taya Tandingna, najan Nick Kuipers Teu Maen

25 Januari 2023, 19:27 WIB
Luis Milla teu hariwang najan Nick Kuipers teu maen alatan akumulasi kartu merah. /Instagram @persib/

GALURA - Nalika Persib Bandung adu hareupan jeung Borneo FC dina BRi Liga 1 2023-2023 Kemis 26 Januari 2023 isuk, benteng pertahanan Nick Kuipers moal maen.

Lian ti eta, aya oge sawatara pamaen petingan nu moal maen alatan tatu dina awakna.

Parandene kitu, palatih Persib Bandung Luis Milla ngaku teu ngarasa hariwang.

Baca Juga: Ieu Jangji Henhen Persib Bandung Nalika Nyanghareupan Borneo FC Kemis 26 Januari, Sangkan Teu Tijalikeuh!

Baca Juga: David da Silva Persib Bandung Siap Makalangan Nyanghareupan Borneo FC, Geus Milu Latihan di Stadion Siliwangi

Baca Juga: Angka Persentase Kasar 81,47 Persen, Atalia : Pokja PAUD Kuningan Picontoeun

Luis Milla yakin, sumanget juang skuad Maung Bandung tetep ngagedur sok sanajan aya pamaen inti nu teu maen.

"Leres Nick Kuipers absen dina laga lawan Borneo FC. Sawatara pamaen lianna oge kawasna moal maen alatan cidera," pokna.

Ngan cek Luis Milla, tim Persib Bandung mah mibanda sumanget juang nu terus ngagedur, sok sanajan aya pamaen nu absen.

Baca Juga: Mikawanoh Tradisi 'Ngapem' atawa Babagi Apem di Karaton Kanoman Cirebon, Teu Nuang Sangu Salila Sabulan

"Nalika aya pamaen nu absen, sim kuring yakin sumanget tim mah tetep ngagedur. Apanan maen bal minangka olahraga nu ngandelkeun gawe bareng tim, teu ngandelkeun ka hiji dua pamaen," pokna.

Ongkoh da najan Nick Kuipers teu maen alatan meunang kartu beureum oge, Persib boga keneh setok pamaen nu sarua hadena di sektor pertahanan Persib.

Apanan di lini pertahanan Persib teh aya Achmad Jufriyanto, Kakang Rudianto, jeung Rachmat Irianto nu geus kabuktian kamampuhna.

Baca Juga: Pemkab Garut Ngawanohkeun Logo Tepung Taun ka-210 Kota Dodol, Taglinena 'Purnamakarya Rucita Wibawa'

Lian ti eta aya oge Robi Darwis, nu nalika di Timnas U-20 kungsi diperenahkeun ku Shin Tae-yong jadi bek tengah.

 

Persib Bandung baris adu hareupan jeung Borneo FC di Stadion Pakansari Cibinong, Kabupaten Bogor, Kamis 26 Januari 2023.

Persib miharep bisa meunang poin malar tetep nyicingan posisi tilu besar klasemen saheulanan, nu puncakna ayeuna ditempatan Persija Jakarta. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id

Tags

Terkini

Terpopuler