Ngungkulan Gawat Darurat Kaséhatan Masarakat, Wina Herwiane: JQR Sing Tetep Nanjeur

- 13 Maret 2023, 07:05 WIB
Wina Herwiane, Koordinator Wilayah JQR Bandung Raya.*
Wina Herwiane, Koordinator Wilayah JQR Bandung Raya.* /Dok. Pribadi/

GALURA - Ngungkulan pasualan kaséhatan masarakat téh minangka tugas urang saréréa.

Sok komo deui nalika aya warga masarakat nu darurat, nu kudu geura meunang panglayan kaséhatan.

Tina pamiangan geusan milu aub ngungkulan rupaning pasualan sosial, tanggal 18 Séptémber 2018 ngadeg Jabar Quick Response (JQR) nu diwengku ku para rélawan ti rupa-rupa kasang tukang.

JQR téh minangka wujud inovasi program kamanusaan geusan ngungkulan pasualan sosial nu gawat darurat, kalawan rukun gawé jeung lembaga séjénna.

Di JQR aya 9 kanal réspon, salasahijina nyaéta kanal widang kaséhatan, nu narima laporan tumali jeung pangabutuh darurat warga kana aksés panglayan kaséhatan.

Lian ti narima laporan warga, ogé bari diusahakeun lajuning lakuna, ngungkulan katut pangapingan sual kaséhatan.

Tah, salasaurang aktivis di JQR nyaéta Wina Herwiane (45), Koordinator Wilayah JQR Bandung Raya.

Baca Juga: Seminar Pikeun Ngaronjatkeun Palayanan Kasehatan Darurat Masarakat

Tepung jeung manéhna téh dina seminar kaséhatan alpukahna JQR, di Soreang, Kabupaten Bandung, 6-7 Maret 2023.

Kalawan tema "Peran Relawan dalam Percepatan Pelayanan Kedaruratan Kesehatan Masyarakat", seminar diiluan ku 100 rélawan ti sakuliah kota/kabupaten di Jawa Barat.

Demi Wina Herwiane, nu kapeto jadi Ketua Panitia Pelaksana éta seminar, ngécéskeun, seminar boga maksud ngaronjatkeun ketak rélawan JQR dina panglayan ngungkulan darurat kaséhatan masarakat.

"Dina ketakna, JQR mindeng nyanghareupan rupaning hahalang enggoning ngaping panglayan kaséhatan pikeun kelompok masarakat disabilitas, kaom wanoja, barudak yatim, duafa, jeung nu lianna," pokna.

Lian ti éta, ogé pasualan démografi, kurangna aksés panglayan kaséhatan, sarta kurangna aksés teknologi informasi nu ngabalukarkeun sulit nampa informasi lagu ngusahakeun pasén nu kudu geura-geura ditulungan.

Padahal kaséhatan téh minangka hak dasar sakur warga dina ngahontal karaharjaanana.

Baca Juga: Kasehatan Prioritas Utama Kabupaten Ciamis, Bupati: Puskesmas di Panjalu jeung di Cisaga Bakal Dibangun deui

Kitu deui, tina observasi tim lapangan JQR jeung sawala jaringan rélawan sa-Jawa Barat, tétéla masih loba warga nu kasulitan meunangkeun aksés panglayan kaséhatan.

"Ku kituna, ku ayana seminar JQR, dipiharep sakumna rélawan bisa leuwih paham kana ketakna, mampuh tur leuwih tapis ngaping dina panglayan darurat kaséhatan pikeun masarakat," ceuk Wina.

Gumelar 3 Désémber 1978, Wina nyuprih élmu di Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi (STIE) Pasundan, tur mimiti aktif di JQR kira taun 2020 mangsa mahabuna sasalad Covid-19.

Dina ketakna di JQR, manéhna saparakanca nangkes rupaning laporan warga saperti sual atikan, kaséhatan, disabilitas, katut barudak yatim, jeung sajabana.

"Remen ogé narima laporan kasus bullying, HIV, pelecehan seksual, perkosaan, nu salingkuh, tur nu lianna," pokna.

Tina laporan masarakat ka JQR téa, tuluy dipilih-dipilah heula, laju kana Rencana Tindak Lanjut (RTL).

Mun sakirana laporan téh lain garapan JQR, nya kudu geura dibéjaan ogé ka nu ngalaporna.

Baca Juga: Barudak Disabilitas jeung Yatim, Nobar Film Animasi ‘Kiko in the Deep Sea’

Bantuan JQR pikeun calon penerima manfaat (CPM) diwengku dua jenis, duit jeung nu salian duit saperti informasi, édukasi, advokasi, katut ngaping.

"Mun bantuan mangrupa duit, nya luyu jeung pagu anggaran kalawan nilik kana kaayaan CPM. Sipatna stimulan, bisa 2 juta, 3 juta, ogé kungsi 15 juta, kumaha sikon CPM. Waragad operasional JQR salila ieu éstu murni ti paradonatur, ti CSR pausahaan, katut paradermawan séjénna," ceuk Wina.

Salila aub di JQR, Wina remen ngalaman rupaning kajadian nu matak pikasediheun, keuheul, atawa pikabungaheun.

Pagedrug paham jeung patugas kaséhatan, kaamanan, atawa aparat séjénna, katut ngadongdon ka tempat-tempat nu mencil di sakuliah Jawa Barat.

"Samalah kungsi dianggap calo. Éta teu matak jadi hahalang, da kuring mah ngalakonan ketak di JQR téh mungguh didasaran kaihlasan. Bingah mun warga CPM bisa meunang panglayan samistina. Muga JQR tetep nanjeur geusan milu aub ngungkulan pasualan sosial utamana masarakat Jawa Barat," pokna.***

Baca Juga: Situ Wangi Winduraja, Destinasi Wisata Anyar di Ciamis Kaler

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x